WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Ratusan Warga Plered di-MERAH-kan, Ngahiji Dina Senam Sehat, Semarakkeun Harlah Bung Karno Ka-125

Ratusan Warga Plered di-MERAH-kan, Ngahiji Dina Senam Sehat, Semarakkeun Harlah Bung Karno Ka-125 PLERED/Purwakarta – Warta Sund...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Ngagubyag Balong Milangkala Purwakarta 2026 Diserbu Warga, Ratusan Kilogram Lauk Beak Dina Sababaraha Jam

Ngagubyag Balong Milangkala Purwakarta 2026 Diserbu Warga, Ratusan Kilogram Lauk Beak Dina Sababaraha Jam

PURWAKARTA – Warta Sunda Online,- Tradisi Ngagubyag Balong atawa Gubyag Balong jadi salah sahiji kagiatan anu paling dipikaresep ku masarakat dina raraga Milangkala Kota Purwakarta ka-195 jeung Kabupaten Purwakarta ka-58 taun 2026. Taun ieu, kagiatan henteu ngan dipuseurkeun di ibu kota kabupaten, tapi dilaksanakeun di unggal kacamatan minangka wujud kabagjaan anu dibagikeun ka sakumna warga Purwakarta.

Sekretaris Daerah Kabupaten Purwakarta, Ir. Sri Jaya Midan, M.P., anu ogé ngajabat salaku Ketua Panitia Milangkala Kota Purwakarta ka-195 jeung Kabupaten Purwakarta ka-58, ngajelaskeun yén tradisi Ngagubyag Balong dilaksanakeun sacara masif di sababaraha titik di wilayah Purwakarta pikeun ngaronjatkeun kabersamaan antara pamaréntah jeung masarakat.

Sekretaris Daerah Kabupaten Purwakarta, Ir. Sri Jaya Midan, M.P.,*

Salah sahiji lokasi anu jadi pusat perhatian nyaéta di Desa Cianting Utara, Kecamatan Sukatani, Sabtu (20/6/2026). Ti mimiti barudak nepi ka kolot kacida sumangetna miluan moro lauk di balong anu geus ditebar lauk ku panitia.

Dina waktu anu teu lila, ratusan kilogram lauk anu ditebar langsung jadi rebutan warga. Kalayan rupa-rupa cara, aya anu ngagunakeun sa'ir, jaring sederhana, nepi ka ngan ukur ngandelkeun leungeun kosong pikeun meunangkeun lauk.

"Alhamdulillah antusias masarakat luar biasa. Ieu jadi bagian tina kabagjaan Milangkala anu bisa dirasakeun langsung ku warga," ceuk Camat Kecamatan Sukatani, Asep Senjaya.

Numutkeun katerangan panitia, di unggal kacamatan disebarkeun lauk nepi ka 3 kintal pikeun kagiatan Ngagubyag Balong. Saméméh palaksanaan, panitia geus ngayakeun rapat koordinasi jeung unsur Forkopimda jeung Forkopimcam pikeun mastikeun sagala persiapan lumangsung kalayan hadé.
Sterilisasi lokasi ogé dilaksanakeun sacara ketat pikeun ngajamin kasalametan warga. Panitia mariksa balong tina kamungkinan ayana paku, beling, atawa barang séjén anu bisa ngabahayakeun pamilon.

Ku persiapan kagiatan Ngagubyag Balong di Sukatani lumangsung kalayan lancar, aman, sarta pinuh ku suasana kabagjaan. Henteu ngan warga Sukatani, warga ti Kecamatan Plered jeung Kecamatan Maniis ogé loba anu datang pikeun miluan jeung ngaramekeun acara.
Salah saurang warga, Bayu (40) asal Kampung Pangkalan, Desa Palinggihan, Kecamatan Plered, yen balongna jadi tempat acara Ngagubyab Balong ngaku bungah ku ayana kagiatan anu jadi bagian tina Milangkala Purwakarta.

"Seneng pisan aya acara sapertos kieu. Bisa silaturahmi jeung warga séjén bari ngareuah-reuah Milangkala Purwakarta," pokna.

Sedengkeun ceuk mang Mamat (57), salah saurang pamilon anu hasil meunang lauk cukup loba, nyebutkeun yén lauk anu ditebar gampang kénéh ditewak.

"Abdi meunang kira-kira 3 kilo. Laukna lalindeuk, babari ditewak. Mun tiasa mah ditebarna ti peuting sangkan langkung rame deui," ceuk anjeunna bari seuri.

Di Kecamatan Plered, Aan (Kadisperpusda), ngiring ngareuah-reuah hadir kulantaran bagi-bagi tugas pikeun ngariung Jeung warga masyarakat hususna warga Plered, Desa Palinggihan.

Ngaliwatan tradisi Ngagubyag Balong ieu, Milangkala Purwakarta henteu ngan ukur jadi acara seremonial, tapi ogé jadi wahana pikeun ngaraketkeun tali duduluran, ngabagi kabagjaan, sarta ngajaga kabeungharan budaya lokal anu geus lila hirup di tengah masarakat Purwakarta.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Ngagubyag Balong Milangkala Purwakarta 2026 Diserbu Warga, Ratusan Kilogram Lauk Beak Dina Sababaraha Jam"

Posting Komentar