Disdik Purwakarta Rek Ngaupayakeun Renovasi Ruang Kelas SMPN 1 Pondoksalam Nu Jadi Sarang Lalay
Disdik Purwakarta Rek Ngaupayakeun Renovasi Ruang Kelas SMPN 1 Pondoksalam Nu Jadi Sarang Lalay
Purwakarta – Warta Sunda Online,-
Dinas Pendidikan Kabupaten Purwakarta méré katerangan ngeunaan kaayaan sababaraha ruang kelas di SMPN 1 Pondoksalam anu dikabarkan geus jadi tempat nyarangna lalay (kelelawar) alatan kondisi wangunan anu geus kolot sarta merlukeun rehabilitasi.
Numutkeun katerangan ti pihak Dinas Pendidikan ngalangkungan Kasi Sarana Prasarana SMP, Johny, S.T., dina pesen WhatsApp ka Warta Sunda Online, Senen, 15/6/2026, usulan rehabilitasi ruang kelas sabenerna geus diajukeun dina program revitalisasi taun 2025 ka Kementerian Pendidikan Dasar jeung Menengah. Sanajan kitu, sanggeus ngalangkungan prosés verifikasi jeung desk antara pihak sakola jeung kementerian, usulan anu disatujuan ngan ukur pikeun pangwangunan ruang laboratorium jeung fasilitas toilet.
“Perkawis ruang kelas saleresna kantos diajukeun dina program revitalisasi taun 2025 ti Kemendikdasmen. Nanging, hasil desk antara sakola sareng kementerian anu disatujuan mung ruang laboratorium sareng toilet,” saur Johny.
Pihakna ogé ngajelaskeun yén kaayaan ruang kelas anu ayeuna jadi perhatian serius Dinas Pendidikan. Ku kituna, rehabilitasi ruang kelas di SMPN 1 Pondoksalam bakal diupayakeun sangkan bisa diasupkeun kana alokasi anggaran dina APBD Murni Kabupaten Purwakarta Taun 2027.
“Diupayakeun dina anggaran murni taun 2027 tiasa diakomodir,” pokna.
Katerangan ti Kasi Sapras SMP Disdik Purwakarta éta disambut hadé ku pihak sakola. Salila ieu, kaayaan ruang kelas anu jadi tempat nyarangna lalay sempet jadi sorotan masarakat lantaran dianggap bisa mangaruhan kana kanyamanan, kabersihan, jeung kasalametan lingkungan diajar.
Ku ayana komitmen ti Dinas Pendidikan, dipiharep fasilitas diajar di SMPN 1 Pondoksalam bisa leuwih merenah sarta nyumponan standar lingkungan sakola anu séhat, aman, jeung nyaman pikeun murid ogé tenaga pendidik.
Kepala SMPN 1 Pondoksalam, Fibriyana Kusumah, S.E., ngaku bungah sanggeus nampa informasi ngeunaan rencana rehabilitasi éta. Numutkeun anjeunna, perbaikan ruang kelas memang geus lila dipiharep ku sakumna warga sakola demi ngaronjatkeun kualitas sarana pendidikan.
Samentara éta, salah saurang guru SMPN 1 Pondoksalam, Nur Ratnasari, S.Pd., anu sapopoéna nyaksian kaayaan di lingkungan sakola, ngajelaskeun yén lalay-lalay éta ilaharna kaluar tina sela-sela hateup nalika soré nepi ka magrib.
“Mangsana maju ka magrib, sagorombolan lalay kakalayangan di sakuliah lingkungan sakola pikeun neangan kadaharan, tuluy balik deui nyayang di wangunan sakola,” pokna.
Hal anu sarua ogé dibenerkeun ku Ketua OSIS SMPN 1 Pondoksalam, Jidan Haikal Pratama. Ceuk anjeunna, ayana lalay henteu ngan ukur ngaganggu kanyamanan, tapi ogé nyababkeun kotoran lalay sumebar di sababaraha bagian sakola.
“Kotoran lalay sok kapanggih di luar kelas ogé di jero kelas, janten kedah sering diberesihan ku warga sakola,” saur Jidan.
Sanajan kitu, kagiatan diajar-ngajar di SMPN 1 Pondoksalam tetep lumangsung saperti biasa. Pihak sakola terus ngupayakeun ngajaga kabersihan lingkungan bari ngantosan realisasi program rehabilitasi anu direncanakeun ku pamaréntah daerah.
Warga sakola ogé Disdik Purwakarta Rek Ngaupayakeun Renovasi Ruang Kelas SMPN 1 Pondoksalam Nu Jadi Sarang Lalay. ***
0 Response to "Disdik Purwakarta Rek Ngaupayakeun Renovasi Ruang Kelas SMPN 1 Pondoksalam Nu Jadi Sarang Lalay"
Posting Komentar