Al Fatih Wijaya Setiawan Jadi Pinunjul Ka-1 Dai Cilik Pentas PAI 2026 Tingkat Kabupaten Purwakarta
Al Fatih Wijaya Setiawan Jadi Pinunjul Ka-1 Dai Cilik Pentas PAI 2026 Tingkat Kabupaten Purwakarta
Purwakarta – Warta Sunda Online,-
Prestasi ngabanggakeun diraih ku Al Fatih Wijaya Setiawan, siswa Kelas 5 SDI Al Ghozali Purwakarta, dina ajang Pekan Keterampilan jeung Seni Pendidikan Agama Islam (Pentas PAI) Tingkat Kabupaten Purwakarta Taun 2026.
Al Fatih anu ngawakilan Kontingen Kecamatan Purwakarta hasil nyangking gelar Pinunjul Ka-1 Cabang Pidato Dai Cilik (Pildacil) sanggeus nembongkeun kamampuhna dina nepikeun dakwah anu merenah, komunikatif, sarta miboga ajén atikan agama anu hadé di hareupeun dewan juri.
Kagiatan Pentas PAI tingkat SD taun ieu dilaksanakeun di SMP Negeri 7 Purwakarta sarta diiluan ku para siswa panghadéna ti unggal kacamatan sa-Kabupaten Purwakarta. Kompetisi lumangsung kalayan sumanget jeung silih asah dina widang seni jeung kaagamaan Islam.
Kasuksésan Al Fatih jadi bagian tina prestasi gemilang Kontingen Kecamatan Purwakarta anu hasil jadi Juara Umum Pentas PAI 2026, sanggeus ampir nyapu beres sakabéh piala jeung gelar pinunjul dina rupa-rupa cabang lomba anu diperebutkeun.
Asep Setiawan, S.Pd., M.M., salaku sepuh Al Fatih Wijaya Setiawan, ka Warta Sunda Online, Juma'ah, 19/6/2026, inyana ngedalkeun rasa reueus jeung syukur kana hasil anu dihontal ku putrana. Numutkeun anjeunna, prestasi ieu mangrupa buah tina kasungguhan Al Fatih dina diajar, latihan, jeung ngaronjatkeun kamampuhna dina widang dakwah Islam.
“Alhamdulillah, abdi sareng kulawarga ngarasa bagja sareng reueus. Mugia prestasi ieu janten motivasi pikeun Al Fatih sangkan teras diajar, ngajaga akhlak anu hadé, sareng janten generasi anu manfaat pikeun agama, bangsa, sareng masarakat,” pokna.
Prestasi Al Fatih Wijaya Setiawan dipiharep tiasa janten inspirasi pikeun para siswa séjén di Purwakarta sangkan terus ngamekarkeun bakat, kamampuh, jeung kapercayaan diri dina rupa-rupa widang, hususna dina dakwah jeung pendidikan agama Islam.***
0 Response to "Al Fatih Wijaya Setiawan Jadi Pinunjul Ka-1 Dai Cilik Pentas PAI 2026 Tingkat Kabupaten Purwakarta"
Posting Komentar