Ratusan Warga Plered di-MERAH-kan, Ngahiji Dina Senam Sehat, Semarakkeun Harlah Bung Karno Ka-125
Ratusan Warga Plered di-MERAH-kan, Ngahiji Dina Senam Sehat, Semarakkeun Harlah Bung Karno Ka-125
PLERED/Purwakarta – Warta Sunda Online,- Ratusan warga anu didominasi ku kaum ibu ngagem baju beureum ngahiji dina kagiatan Senam Sehat di kawasan Litbang Keramik Plered, Kabupaten Purwakarta, Ahad, 21/6/2026 dina raraga miéling Hari Lahir (Harlah) Bung Karno ka-125.
Kagiatan anu lumangsung pinuh ku sumanget jeung kabersamaan éta jadi ajang silaturahmi warga, hususna kaum ibu, bari ngaronjatkeun kaséhatan jasmani ngaliwatan olahraga babarengan.
Dina sambutanna, Nopita Purwanti, SE (Anggota Dewan Dapil V) direncangan Tokoh Wanita Inspiratif (Hj. Pipit) Jeung Wakil Ketua DPC PDI Kabupaten Purwakarta, Bidang Kerjasama Antar Agama (H Heri Kuswanto SE) sarta Dian Maherani Ketua Bidang Baguna., inyana ngajelaskeun yén acara ieu lain mangrupa kagiatan pulitik, tapi murni pikeun miéling jasa-jasa Proklamator Republik Indonesia, Bung Karno, anu miboga peran penting dina ngantarkeun bangsa Indonesia kana kamerdikaan.
"Urang kumpul di dieu lain keur pulitik, tapi keur miéling Hari Lahir Bung Karno. Tanpa perjuangan anjeunna, can tangtu urang bisa ngarasakeun kamerdikaan saperti ayeuna," pokna di hareupeun ratusan peserta.
Salian ti éta, kagiatan ieu ogé dijadikeun sarana pikeun ngaraketkeun tali silaturahmi antarwarga. Panitia ngaharepkeun ngaliwatan silaturahmi jeung gaya hirup séhat, warga bisa tetep sumanget, bagja, sarta miboga énergi positif dina kahirupan sapopoé.
Dina kasempetan éta ogé ditegeskeun pentingna nginget sajarah bangsa, kaasup lahirna Pancasila dina tanggal 1 Juni 1945 anu digagas ku Bung Karno salaku dasar nagara Indonesia.
Para peserta katémbong antusias nuturkeun sakabéh rangkaian acara. Sajaba senam massal, suasana pinuh ku kabersamaan jeung sumanget nasionalisme anu kacida karasana di tengah-tengah masyarakat Plered.
Ku ayana kagiatan ieu, warga diajak pikeun terus ngajaga kaséhatan, nguatkeun persatuan, sarta ngahargaan jasa para pahlawan anu geus berjuang pikeun kamerdikaan bangsa Indonesia.
Lian ti eta tanggal 28 Juni 2026 Aya kegiatan Turnamen Volley Ball rek dihadirkan Ketua DPD Provinsi Jawa Barat Ono Surono.*** (WSO)
0 Response to "Ratusan Warga Plered di-MERAH-kan, Ngahiji Dina Senam Sehat, Semarakkeun Harlah Bung Karno Ka-125"
Posting Komentar