WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Kecamatan Purwakarta Juara GSI 2026, Pertahankeun Gelar Opat Kali 2023 - 2026 Berturut-turut

Kecamatan Purwakarta Juara GSI 2026, Pertahankeun Gelar Opat Kali 2023 - 2026 Berturut-turut PURWAKARTA – Warta Sunda Online,- T...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Ketua APDESI Purwakarta: Milangkala Purwakarta Jadi Momen Nguatkeun Ajén Budaya Ti Tingkat Désa

Ketua APDESI Purwakarta: Milangkala Purwakarta Jadi Momen Nguatkeun Ajén Budaya Ti Tingkat Désa


Purwakarta – Warta Sunda Online,-
Ketua APDESI Kabupaten Purwakarta, Denden Pranayuda, ngébréhkeun pangrojongna kana palaksanaan Milangkala Purwakarta anu taun ieu ngusung téma “Ajeg Budaya Purwakarta Istimewa.” Hal éta ditepikeun nalika wawancara door stop jeung Warta Sunda Online di Pendopo Purwakarta, Kemis, 18/6/2026.

Numutkeun Denden, kakuatan budaya Purwakarta sabenerna aya di tingkat désa. Rupa-rupa simbol kabudayaan, tradisi, adat istiadat, kasenian, nepi ka kearifan lokal anu masih kénéh dijaga ku masarakat désa jadi ciri has anu ngabédakeun Purwakarta jeung daérah séjén.

“Simbol-simbol kabudayaan téh aya di désa. Tangtu waé ciri hasna aya dina tradisi jeung budaya anu masih hirup di tengah masarakat. Ku kituna, téma Ajeg Budaya Purwakarta Istimewa kacida merenahna pikeun terus nguatkeun jati diri urang Purwakarta,” pokna.

Denden nétélakeun yén APDESI Kabupaten Purwakarta ngarojong sapinuhna sakabéh runtuyan kagiatan Milangkala Purwakarta. Numutkeun anjeunna, kasuksésan peringatan poé jadi Kabupaten Purwakarta lain ukur kasuksésan pamaréntah, tapi ogé kasuksésan sakumna warga Purwakarta.

“Milangkala Purwakarta téh milik urang sadaya. Lamun kagiatanana suksés, tangtu éta jadi kasuksésan masarakat Purwakarta ogé,” saurna.

Pihakna ogé masihan apresiasi anu luhur ka Pamaréntah Kabupaten Purwakarta anu konsistén ngayakeun rupa-rupa kagiatan pikeun ngamumulé budaya, ngaronjatkeun partisipasi masarakat, sarta ngaraketkeun kabersamaan antarelemen daérah.

Dina palaksanaan Milangkala taun ieu, Denden nyebutkeun yén peran para stakeholder, organisasi kamasyarakatan, komunitas budaya, sarta pamaréntah désa kacida pentingna pikeun ngeuyeuban sakabéh runtuyan acara anu geus disusun ku panitia.

“Kalayan gotong royong jeung kolaborasi ti sakumna pihak, urang miharep Milangkala Purwakarta taun ieu tiasa janten momentum pikeun ngajaga, ngamumulé, sarta ngawariskeun budaya Sunda ka generasi nu bakal datang,” pungkasna.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Ketua APDESI Purwakarta: Milangkala Purwakarta Jadi Momen Nguatkeun Ajén Budaya Ti Tingkat Désa"

Posting Komentar