WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Ratusan Warga Plered di-MERAH-kan, Ngahiji Dina Senam Sehat, Semarakkeun Harlah Bung Karno Ka-125

Ratusan Warga Plered di-MERAH-kan, Ngahiji Dina Senam Sehat, Semarakkeun Harlah Bung Karno Ka-125 PLERED/Purwakarta – Warta Sund...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

IRMABA Gelar Muharram 1448 H, Lomba Hadroh jeung Marching Band Antar Pelajar Sa-Purwakarta

IRMABA Gelar Muharram 1448 H, Lomba Hadroh jeung Marching Band Antar Pelajar Sa-Purwakarta


Purwakarta – Warta Sunda Online,-
Dina raraga mapag Taun Anyar Islam 1448 Hijriah, Ikatan Remaja Masjid Besar Baeturrohim (IRMABA) ngagelar rupa-rupa pasanggiri kaagamaan jeung kasenian Islam anu dipuseurkeun di lingkungan Masjid Besar Baeturrohim. Kagiatan ieu jadi salah sahiji wadah pikeun ngaraketkeun silaturahmi sakaligus ngamekarkeun bakat para pelajar ti sakuliah Kabupaten Purwakarta.
Ketua Panitia, Firgiawan Baharudin, S.Pd, ngajelaskeun ka Warta Sunda Online, Saptu, 20/6/2026 dilokasi buruan Mesjid Besar Baeturrohim yén salah sahiji agenda anu narik perhatian nyaéta Lomba Hadroh anu diiluan ku 10 pamilon sarta Lomba Marching Band anu diiluan ku 8 pamilon. Kagiatan ieu ngalibetkeun sakola jeung kelompok pelajar ti rupa-rupa kacamatan di Purwakarta.

Numutkeun Firgiawan, ayana IRMABA di tengah pesatna kamajuan téknologi jeung gadget kudu bisa jadi motor panggerak sangkan generasi ngora henteu jauh tina lingkungan masjid.

Peran IRMABA dina jaman gadget ayeuna ulah nepi ka tiiseun. Nonoman kudu terus diajak pikeun aktip di masjid ngaliwatan kagiatan anu positif, kreatif, jeung ngabina karakter Islami,” pokna.
Sababaraha peserta anu milu ngamériahkeun lomba di antarana asal ti Gita Khanstra, SMK KN, jeung MTs Negeri 2 Purwakarta, anu nembongkeun kamampuh panghadéna dina unggal cabang anu dipasanggirikeun.

Dina kasempetan éta, pihak DKM Masjid Besar Baeturrohim ngaliwatan H. Mumuh Musadad inyana rasa sukur jeung pangrojongna kana kagiatan anu diinisiasi ku para nonoman masjid. Anjeunna ngajelaskeun yén Pekan Muharram 1448 H henteu ngan ukur ngegelar lomba Hadroh jeung Marching Band, tapi ogé rupa-rupa pasanggiri séjén anu miboga nilai pendidikan agama.
Kagiatan Pekan Muharram anu diselenggarakeun ku IRMABA ngawengku lomba MTQ, Hifzhil Qur'an, Qiraatul Kutub, Hadroh, Marching Band, lomba melukis, sarta insya Allah bakal ditutup ku Tabligh Akbar. Ieu mangrupa usaha pikeun ngahirupkeun syiar Islam di kalangan generasi ngora,” saur KH. Mumuh Musadad, S.Pd.I., MH.

Anjeunna ogé nyebutkeun yén kagiatan ieu meunang bimbingan ti pembina IRMABA, Chabib Abdulloh, anu salawasna ngadukung program-program pembinaan nonoman berbasis masjid.

Di sisi séjén, salah saurang tim juri, Dadan Sumardhana, masihan apresiasi anu luhur kana jalanna acara. Anjeunna ningali yén di tengah lobana kagiatan di Purwakarta, IRMABA mampuh nyelenggarakeun pasanggiri kalayan hadé, tertib, jeung pinuh ku sumanget kabersamaan.

Urang kedah ngacungkeun jempol ka IRMABA. Kagiatan ieu tiasa lumangsung kalayan rapih sarta jadi conto yén nonoman masjid sanggup nyiptakeun program anu mangpaat pikeun masyarakat,” pokna.

Ngaliwatan kagiatan Mapag Muharram 1448 H ieu, IRMABA miharep bisa ngaronjatkeun partisipasi nonoman dina kagiatan kaagamaan, ngamekarkeun bakat seni Islami, sarta ngajadikeun masjid minangka puseur pangwangunan karakter generasi ngora anu religius, kreatif, jeung produktif.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "IRMABA Gelar Muharram 1448 H, Lomba Hadroh jeung Marching Band Antar Pelajar Sa-Purwakarta"

Posting Komentar