WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Hasil Gawé jeung Bingbingan Guru, Anita Sri Rahayu Hasil Nyangking Juara 3 Fashion Technology

Hasil Gawé jeung Bingbingan Guru, Anita Sri Rahayu Hasil Nyangking Juara 3 Fashion Technology Purwakarta – Warta Sunda Online,- ...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Hasil Gawé jeung Bingbingan Guru, Anita Sri Rahayu Hasil Nyangking Juara 3 Fashion Technology

Hasil Gawé jeung Bingbingan Guru, Anita Sri Rahayu Hasil Nyangking Juara 3 Fashion Technology

Purwakarta – Warta Sunda Online,-
Prestasi nu matak reueus deuih hasil diraih ku murid SMKN 2 Purwakarta. Anita Sri Rahayu, siswi kelas XI, hasil nyangking Juara 3 dina ajang Lomba Kreativitas Siswa (LKS) Widang Fashion Technology Tingkat Provinsi Jawa Barat.

Kasuksésan éta disambut ku kabagjaan ku pihak sakola anu masihan apresiasi kana sagala usaha jeung dedikasi Anita salila miluan pasanggiri. Dina wawancara jeung Warta Sunda Online, Rebo, 17/6/2026 di Sakola na, Anita ngaku kacida bungahna tur reueusna ku prestasi anu disangking.

"Abdi bungah sareng reueus tiasa kenging Juara 3. Prestasi ieu dipasrahkeun ka kolot, hususna ka mamah anu ayeuna nuju ulang taun," saur Anita kalayan pinuh ku rasa haru.
Anita nyaritakeun yén minatna kana dunya fashion jeung téknologi mimiti tumuwuh saprak anjeunna asup ka SMKN 2 Purwakarta. Minat éta beuki mekar ngaliwatan rupa-rupa pangajaran jeung latihan anu dipasihkeun ku sakola.

Dina pasanggiri éta luyu Jeung arahan ti nu meunteun (tim juri) Anita mawa téma “Classic Reimagined”, nyaéta busana klasik anu diimajinasikeun deui kalayan konsép utama blazer modéren. Prosés lomba lumangsung salila 10 jam, ngawengku 1 jam pikeun Modul 1 nyieun desain digital sarta 9 jam pikeun Modul 2, nyaéta nyieun blazer luyu jeung katangtuan anu ditetepkeun ku déwan juri.

Salila lomba, pamilon dibéré pituduh mangrupa proporsi awak (croquis) jeung swatch atawa conto lawon anu kudu dijadikeun dasar dina ngamekarkeun desain. Numutkeun Anita, tangtangan panggedéna nyaéta matéri lomba anu sabenerna mangrupa kompeténsi kelas XII, sedengkeun dirina masih kénéh di kelas XI.

"Materi anu dilombakeun sakuduna dipelajari di kelas XII, ku kituna abdi kedah diajar langkung gancang. Nanging, tangtangan éta tiasa diungkulan lantaran sering latihan sareng teras diajar," pokna.

Salian ngasah kamampuh téknis, Anita ogé meunang loba pangalaman anu kacida berhargana salila miluan pasanggiri. Anjeunna diajar ngeunaan manajemén waktu, kreativitas, katelitian, sarta kamampuh néangan solusi nalika nyanghareupan rupa-rupa pasualan dina prosés gawé.

"Peran guru pembimbing kacida pentingna dina kasuksésan abdi di lomba Fashion Technology. Upami teu aya bimbingan ti anjeunna, panginten abdi parantos nyerah ti mimiti. Abdi ngahaturkeun nuhun pisan kana sagala bimbingan, motivasi, sareng dukungan anu parantos dipasihkeun," saur Anita.

Guru pembimbing Anita, Fauziah Andini AK, S.Pd, jadi sosok anu paling seueur méré arahan jeung pangapingan salila masa persiapan. Sedengkeun pihak sakola teras masihan motivasi sangkan Anita tetep fokus dina ngalaksanakeun unggal tahapan sakumaha anu diarahkeun ku guru pembimbing.

Guru pembimbing, Guru BK sarta Humas SMKN 2 Purwakarta Poto bareng Anita Sri Rahayu Hasil nu nyangking Juara 3 Fashion Technology.*

Dina kasempetan eta, Guru Pembimbing SMKN 2 Purwakarta, Fauziah Andini AK, S.Pd ngajelaskeun yén Anita (Siswana) dipasihan kasempetan pikeun miluan LKS jadi motivasi husus pikeun Anita. Mimiti mah calon pamilon dipersiapkeun ti kelas XII. Nanging, ku ayana parobahan TI pihak panitia, SIM kuring salaku guru pembimbing babarengan jeung guru Bimbingan Konseling ngayakeun seleksi ti tilu kelas pikeun néangan calon anu panghadéna. Tina éta prosés, Anita ahirna kapilih jadi wawakil sakola.

Numutkeun hasil yen Anita Juara 3 teu leupas tina pembinaan anu dipasihkeun ku sakola, utamana ku guru pembimbing jeung guru BK. Pangrojong kulawarga ogé jadi sumber sumanget anu kacida pentingna salila persiapan nepi ka palaksanaan lomba.

Tina ieu pasanggiri, Anita ngaku meunang loba élmu jeung pangalaman anu berharga, mimitian ti ngalatih kadewasaan, ngaronjatkeun katerampilan ngajahit, nepi ka nguatkeun mental dina nyanghareupan tangtangan jeung pasaingan.

Ka hareupna, Anita yakin miboga target pikeun terus ningkatkeun kamampuh sarta ngahontal prestasi anu leuwih luhur.

"Target pihak sakola nyaéta Anita terus diajar sareng latihan sangkan tiasa ngahontal Juara 1 di tingkat provinsi sareng nasional. Salian ti éta ogé Anita nu cita-cita janten désainer fashion profésional anu tiasa ngahasilkeun karya kreatif sareng mangpaat pikeun seueur jalma," saur Guru Pembimbing.

Anita ogé boga rencana pikeun miluan deui kompetisi dina taun-taun salajengna pikeun nambahan pangalaman sarta ngaronjatkeun kamampuh dina widang Fashion Technology.

Numutkeun pamadeganana, kamajuan téknologi kudu bisa sajalan jeung dunya fashion. Ku sabab éta, Anita miboga cita-cita nyiptakeun karya fashion anu ramah lingkungan, ngamangpaatkeun téknologi digital dina prosés desain, sarta ngahasilkeun busana anu nyaman, inovatif, sarta méré mangpaat pikeun masarakat.

Pihak sakola peupeujeuh ka para siswa Sangkan miconto ka neng Anita nu kenging prestasi dina widang fashion jeung téknologi.

"Terus diajar, latihan, sarta wani berkarya. Ulah sieun gagal, sabab kagagalan téh bagian tina prosés pikeun ngahontal kasuksésan. Kalayan gawé teuas, disiplin, sarta sumanget pantang nyerah, urang tiasa ngahontal prestasi anu matak ngabanggakeun," pesenna.

Fauzia ogé miharep sangkan kreativitas siswa Indonesia dina widang Fashion Technology terus mekar.

"Mugia beuki seueur siswa Indonesia anu kreatif sareng percaya diri dina berkarya. Abdi miharep dukungan sareng kasempetan pikeun generasi ngora dina ngamekarkeun bakatna beuki lega, sangkan lahir karya-karya inovatif anu tiasa ngaharumkeun nami Indonesia," pungkasna.

Ungkara diluhur eta dihaminan ku Kepala SMKN 2 Purwakarta, Ade Suhendi, M.T., nétélakeun yén dina bulan Januari 2027 bakal aya deui pasanggiri Fashion Technology anu sarupa. Ku kituna, pihak sakola geus nyusun léngkah-léngkah strategis pikeun nyiapkeun siswa anu bakal jadi wawakil sakola.

Malah, pihak sakola masang target anu leuwih luhur, nyaéta sangkan bisa ngahontal Juara 1 dina ajang éta. Numutkeun Ade Suhendi, pikeun ngahontal target éta diperlukeun pembinaan anu leuwih asak jeung terstruktur.

"Dina Januari 2027 bakal aya deui lomba sapertos kieu. Sakola nargetkeun bisa ngahontal Juara 1. Tangtu waé éta kudu dirojong ku pembinaan anu leuwih maksimal, salah sahijina ngaliwatan program magang salila kurang leuwih genep bulan," pokna.

Pikeun ngarojong éta target, pihak sakola ngarencanakeun ngirimkeun siswa anu dipersiapkeun pikeun magang di butik-butik mitra anu aya di Bandung. Program magang ieu dipiharep bisa nambahan pangaweruh, pangalaman, sarta katerampilan siswa dina widang desain busana jeung Fashion Technology.

Ade Suhendi ogé ngajelaskeun yén hasil diajar tina pangalaman para juara saméméhna nunjukkeun yén maranéhna miboga pangalaman magang anu cukup lila di dunya industri.

"Urang diajar tina pangalaman para juara. Maranéhna ampir sataun ngalaksanakeun magang di salah sahiji butik mitra. Éta jadi bekel anu kacida pentingna pikeun ngaronjatkeun kamampuh jeung profesionalisme dina widang Fashion Technology," jelasna.

Ayeuna, SMKN 2 Purwakarta keur nyiapkeun calon pamilon anu bakal meunang pembinaan husus sarta kasempetan magang di butik mitra. Léngkah ieu dipigawé sangkan siswa leuwih siap dina nyanghareupan pasanggiri boh di tingkat kabupatén, provinsi, nepi ka nasional.

Pihak sakola ogé miharep prestasi anu dihontal ku Anita Sri Rahayu bisa jadi inspirasi pikeun siswa séjén sangkan leuwih percaya diri jeung sumanget dina ngamekarkeun bakatna.

"Mudah-mudahan prestasi Anita bisa jadi motivasi pikeun siswa séjén supaya wani milu dina ajang LKS sarta terus ngaronjatkeun kamampuhna. Simkuring ogé miharep program magang ieu bisa ngajadikeun siswa leuwih ngadalamkeun élmu jeung katerampilan dina dunya fashion sarta desain busana," saur Ade Suhendi.

Kalayan ayana pembinaan anu berkesinambungan, rojongan ti sakola, sarta gawé bareng jeung dunya industri ngaliwatan program magang, SMKN 2 Purwakarta optimistis bisa nyetak generasi ngora anu kreatif, inovatif, sarta mampuh bersaing dina ajang Fashion Technology di mangsa nu bakal datang.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Hasil Gawé jeung Bingbingan Guru, Anita Sri Rahayu Hasil Nyangking Juara 3 Fashion Technology"

Posting Komentar