Dua Besti Siswi SDN Cijaya Campaka Siap Tarung di Kota Bogor dina Ajang FTBI Tingkat Provinsi Jawa Barat
Dua Besti Siswi SDN Cijaya Campaka Siap Tarung di Kota Bogor dina Ajang FTBI Tingkat Provinsi Jawa Barat PURWAKARTA, Warta Sunda Online – Prestasi anu matak ngabanggakeun deui diraih ku dunya pendidikan Kabupaten Purwakarta. Dua urang siswi SD Negeri Cijaya, Kecamatan Campaka, hasil ngukir préstasi kalayan ngaréngsékeun pasanggiri sarta meunang Juara 1 dina Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) tingkat Kabupaten Purwakarta Taun 2026. Ayeuna, duanana geus dipasihan kapercayaan pikeun jadi wawakil Kabupaten Purwakarta dina ajang FTBI tingkat Provinsi Jawa Barat anu baris dilaksanakeun di Kota Bogor. Dua siswi anu pinunjul kasebut nyaéta Disha Khaira Wilda , anu hasil ngaréngsékeun Juara 1 dina cabang Ngadongéng, sarta Naiyya Assyfatu Haifa , anu hasil jadi Juara 1 dina cabang Biantara. Ieu préstasi tangtu jadi kabagjaan jeung kabanggaan pikeun kulawarga gedé SDN Cijaya. Salian ti ngangkat ngaran sakola, duanana ogé miboga pancén pikeun mawa ngaran hadé Kabupaten Purwakarta di tingk...









