WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

PMII Purwakarta Desek Kejari Nalungtik Yayasan Anu Diduga Aya Patalina Jeung Skandal BGN Nasional

PMII Purwakarta Desek Kejari Nalungtik Yayasan Anu Diduga Aya Patalina Jeung Skandal BGN Nasional Purwakarta – Warta Sunda Onli...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Harepan MGMP Basa Sunda Dina Milangkala Kota/Kabupaten Purwakarta Taun 2026: Ngajaga Budaya, Ngawariskeun Jati Diri

Harepan MGMP Basa Sunda Dina Milangkala Kota/Kabupaten Purwakarta Taun 2026: Ngajaga Budaya, Ngawariskeun Jati Diri


Purwakarta – Warta Sunda Online,-
Milangkala Kota Purwakarta ka-195 jeung Kabupaten Purwakarta ka-58 taun 2026 ngangkat téma “Ajeg Budaya, Purwakarta Istiméwa”, anu ngandung harti pentingna ngamumulé, ngajaga, jeung ngamekarkeun ajén-inajén budaya Sunda minangka jati diri masarakat Purwakarta.

Ketua MGMP Basa Sunda Kabupaten Purwakarta, Yayan Mulyana, M.Pd., inyana ngébréhkeun ka Warta Sunda Online, Rebo (17/6/2026), yén Milangkala Purwakarta lain saukur acara miéling ngadegna kabupatén, tapi ogé jadi moméntum pikeun ngukuhkeun komitmen dina ngamumulé basa, aksara, jeung budaya Sunda di kalangan generasi ngora.

“Milangkala taun ieu kacida luyu jeung sumanget MGMP Basa Sunda, nyaéta ngajaga jeung ngawariskeun budaya Sunda sangkan tetep hirup tur dipikaresep ku generasi ayeuna jeung nu bakal datang,” pokna.

Numutkeun anjeunna, aya sababaraha harepan ku MGMP Basa Sunda dina miéling Milangkala Purwakarta taun ieu. Kahiji, MGMP dipiharep jadi garda panghareupna dina ngamumulé basa jeung aksara Sunda. Milangkala kudu dijadikeun wahana pikeun ngariksa sarta ngawariskeun budaya Sunda ngaliwatan rupa-rupa kagiatan literasi, saperti maca jeung nulis carpon, puisi Sunda, nepi ka pasanggiri Duta Basa Indung anu rutin dilaksanakeun unggal taun.

Salian ti éta, MGMP Basa Sunda ogé dipiharep mampuh ngadukung sacara optimal palaksanaan kurikulum muatan lokal basa Sunda di sakola. Hal ieu saluyu jeung kawijakan pamaréntah daérah ngaliwatan Peraturan Bupati Purwakarta Nomor 75 Taun 2023 anu netepkeun basa Sunda minangka mata pelajaran wajib ti tingkat TK nepi ka SMP/MTs.

“Guru-guru Basa Sunda miboga peran strategis salaku ujung tombak dina ngaimpléméntasikeun kurikulum muatan lokal sangkan murid teu ngan saukur bisa nyarita Sunda, tapi ogé ngarti kana ajén budaya nu nyangkaruk di jerona,” jelas Yayan.

Dina widang pangajaran, MGMP ogé dipiharep terus nyiptakeun inovasi anu relevan jeung kamekaran jaman. Forum MGMP bisa dijadikeun tempat silih tukeur pangalaman, métode pangajaran anyar, nepi ka ngaréngsékeun rupa-rupa pasualan anu karandapan di kelas. Pangajaran basa Sunda, ceuk anjeunna, perlu dipakaya ku pendekatan kreatif saperti dramatisasi carita Sunda, diskusi buku, musikalisasi puisi, atawa lomba aksara Sunda anu dipatalikeun jeung téma “Ajeg Budaya”.

Leuwih jauh, MGMP Basa Sunda ogé siap ngarojong jeung milu aktip dina rupa-rupa kagiatan Milangkala Purwakarta, di antarana Safari Budaya, Gebyar Pestarakyat, jeung Ngaguar Purwadaksi Sajarah. Karya-karya siswa saperti hasil panén karya Duta Basa Indung, musikalisasi puisi Sunda, nepi ka pintonan aksara Sunda bisa dijadikeun bagian tina acara pikeun némbongkeun yén budaya Sunda masih hirup, mekar, sarta sanggup nyaluyukeun diri jeung kamajuan jaman.

“Intina mah, MGMP Basa Sunda dipiharep jadi motor panggerak sangkan Purwakarta bisa terus maju jeung istiméwa, tapi henteu mopohokeun akar budaya sorangan. Budaya Sunda kudu jadi pondasi dina ngawangun generasi anu miboga karakter, jati diri, jeung rasa reueus kana daérahna,” pungkas Yayan Mulyana.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Harepan MGMP Basa Sunda Dina Milangkala Kota/Kabupaten Purwakarta Taun 2026: Ngajaga Budaya, Ngawariskeun Jati Diri"

Posting Komentar