WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Pawai Obor di Pasar Jumat Aya Musibah, Saurang Ketua RT Nalika Atraksi Debus, Kalentab Seuneu

Pawai Obor di Pasar Jumat Aya Musibah, Saurang Ketua RT Nalika Atraksi Debus, Kalentab Seuneu Purwakarta – Warta Sunda Online,-...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Sajarawan Ngora Purwakarta Medar Patalina Perang Diponegoro, Perkebunan Téh Wanayasa, jeung Pabarontakan Komunitas Tionghoa Makau Taun 1830–1832

Sajarawan Ngora Purwakarta Medar Patalina Perang Diponegoro, Perkebunan Téh Wanayasa, jeung Pabarontakan Komunitas Tionghoa Makau Taun 1830–1832

PURWAKARTA – Perang Jawa anu dipingpin ku Pangeran Diponegoro henteu ngan ukur jadi salah sahiji perlawanan panggedéna ngalawan pamaréntah kolonial Walanda di Tatar Jawa, tapi ogé mawa pangaruh anu lega kana kawijakan ékonomi kolonial di rupa-rupa daérah, kaasup Karawang jeung Purwakarta. Hal éta dipedar ku panalungtik sajarah ngora asal Purwakarta, Naurid Muhammad Rifa’i Ilyasa, dina wawancara husus jeung Warta Sunda Online.

Numutkeun Naurid, salah sahiji kasang tukangna ku meletikna Perang Jawa nyaéta diterapkeunana Landrente Stelsel atawa sistem pajeg taneuh anu dianggap ngabebankeun rahayat pribumi. Tekanan ékonomi anu beuki beurat tuluy ngadorong lahirna gerakan perlawanan anu dipingpin ku kalangan muslim, utamana jaringan tarekat Syattariyah dina kapamingpinan Pangeran Diponegoro.

Sakumaha anu kungsi dijelaskeun ku Prof. Ajid Thohir, ahli sajarah ti UIN Bandung, gerakan perlawanan éta muncul lantaran tekanan kolonial anu sipatna ékspansif jeung masif ka masarakat pribumi,” saur Naurid.

Sanggeus Perang Jawa réngsé, Walanda nyanghareupan karugian kauangan anu kacida gedéna. Pikeun mulangkeun kaayaan ékonomi nagarana, pamaréntah kolonial ngaganti sistem Landrente Stelsel ku Cultuurstelsel atawa sistem tanam paksa. Ngaliwatan kawijakan ieu, rupa-rupa komoditas ékspor saperti kopi, gula, kapas, jeung téh dimekarkeun sacara masif di tanah jajahan.

Di wewengkon Wanayasa, Purwakarta, perkebunan téh jadi salah sahiji sektor anu dimekarkeun ku pamaréntah kolonial. Pikeun nyumponan kabutuhan tanaga gawé, Walanda ngadatangkeun pagawé asal Makau dina jumlah anu cukup loba.

Naurid ngajelaskeun, dumasar kana catetan Asisten Residen Karawang, G. de Sriere, para pagawé Tionghoa dijangjikeun gajih genep gulden pérak. Nanging, dina prak-prakanana maranéhna ngan ukur narima opat gulden tambaga anu nilaina jauh leuwih handap.

Bédana panghasilan anu dijangjikeun jeung anu ditarima jadi salah sahiji faktor anu ngabalukarkeun rasa teu puas di kalangan pagawé. Ieu anu saterusna memicu gejolak sosial,” jelasna.

Anjeunna ogé nandeskeun yén sistem Cultuurstelsel miboga béda anu penting dibanding Landrente Stelsel. Dina sistem anyar ieu, para bupati jeung élit pribumi dilibetkeun dina pangawasan hasil tatanén, malah dibéré insentif lamun hasil produksi ngaronjat. Kaayaan ieu nyiptakeun hubungan anyar antara pamaréntah kolonial jeung birokrasi lokal.

Dina waktu anu sarua, jaringan urut laskar Diponegoro ogé mimiti ngarobah strategi perjuangan. Upaya perlawanan anu saméméhna ditempuh ngaliwatan jalur militér laun-laun ngalih kana widang sosial, pendidikan, dakwah, pasantrén, nepi ka birokrasi pamaréntahan.

Bupati Purwakarta ngarasa reueus yen di Purwakarta aya nonoman ngora nu ngaguar Sajarah.

Lamun ditilik tina tiori mimikri Homi Bhabha, ieu téh hiji bentuk hibriditas strategis. Maranéhna henteu deui nyanghareupan kolonial sacara langsung, tapi asup kana sistem pikeun mangaruhan kawijakan ti jerona,” pokna.

Salah sahiji tokoh anu dianggap boga peran penting dina prosés éta nyaéta Syeikh Muhammad Yusuf Putra Djanegara. Dumasar kana panalungtikan Naurid anu ngarujuk kana karya sajarawan Zainul Milal Bizawie, tokoh ieu kaasup bagian tina jaringan ulama anu miboga patalina jeung laskar Diponegoro di Karawang.

Sanggeus diangkat jadi Hoofd Penghulu Karawang dina taun 1830, Syeikh Muhammad Yusuf miboga posisi anu strategis pikeun niténan rupa-rupa kawijakan kolonial anu mangaruhan kahirupan masarakat Sunda jeung umat Islam.

Nalika lumangsung gejolak anu dina sababaraha sumber lokal dipikawanoh minangka Perang Cina atawa pabarontakan komunitas Tionghoa Makau dina taun 1830–1832, Syeikh Muhammad Yusuf disebut milu aub dina usaha nungkulan konflik éta. Dumasar kana catetan Raden Haji Umar, anjeunna boga peran dina prosés interogasi para palaku karusuhan.

Numutkeun Naurid, konflik éta henteu saukur dipicu ku faktor pulitik. Pasualan ékonomi, diskriminasi sosial, jeung eksploitasi tanaga gawé jadi unsur anu silih kaitan. Sabagian pagawé Tionghoa anu ngarasa dirugikeun tuluy ngalih kana widang perdagangan opium atawa madat anu harita berkembang kalayan pangawasan pamaréntah kolonial.

Peredaran opium éta dianggap ngahasilkeun kauntungan pikeun pamaréntah kolonial ngaliwatan rupa-rupa pungutan. Kaayaan ieu tuluy meunang perhatian ti Syeikh Muhammad Yusuf anu ngaluarkeun fatwa ngeunaan haramna opium sanggeus konsultasi jeung guruna di Makkah, Syeikh Muhammad Soleh Al-Rais.

Fatwa éta miboga pangaruh sosial anu cukup gedé. Sabagian pihak anu ngandelkeun panghasilan tina perdagangan madat kaleungitan sumber panghasilanana. Sedengkeun pamaréntah kolonial siga anu ngajaga jarak sarta henteu ngaku kalibet langsung dina sistem peredaran opium anu geus lumangsung lila,” saur Naurid.

Dumasar kana interpretasi sababaraha sumber lokal, kaayaan éta beuki ngarangsang konflik antara sabagian komunitas Tionghoa, pamaréntah kolonial, jeung élit pribumi anu gawé bareng jeung Walanda.

Dina naskah Carita Perang Cina Bajeungpuru, Raden Haji Umar nyatet yén pabarontakan éta ngalibetkeun kurang leuwih 2.000 urang sarta sumebar ti Karawang nepi ka Bandung, Cianjur, jeung Batavia. Sanajan kitu, gerakan pasukan pemberontak ka arah Batavia ahirna hasil dipareuman ku pasukan gabungan anu dipingpin ku Sentot Alibasyah Prawiradirdja babarengan jeung pamaréntah kolonial Walanda.

Pikeun Naurid, runtuyan kajadian éta nunjukkeun yén sajarah lokal Purwakarta jeung Karawang henteu bisa dipisahkeun tina dinamika pulitik, ékonomi, sosial, jeung kaagamaan anu leuwih lega dina mangsa kolonial.

Konflik ieu teu bisa dipikaharti saukur salaku pasualan étnis. Aya faktor eksploitasi tanaga gawé, kawijakan kolonial, jaringan ulama, nepi ka perdagangan opium anu silih patali. Sakabéh unsur éta ngabentuk hiji runtuyan sajarah anu kompleks sarta penting pikeun dipaluruh ku generasi ayeuna,” pokna nutup katerangan.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Sajarawan Ngora Purwakarta Medar Patalina Perang Diponegoro, Perkebunan Téh Wanayasa, jeung Pabarontakan Komunitas Tionghoa Makau Taun 1830–1832"

Posting Komentar