WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

SDN 2 Nangewer Darangdan Ditunjel ku Awi, Kumalasepa Kaayaan Sakolana

SDN 2 Nangewer Darangdan Ditunjel ku Awi, Kumalasepa Kaayaan Sakolana Purwakarta – Warta Sunda Online,- Kaayaan wangunan SD Nege...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

SDN 2 Nangewer Darangdan Ditunjel ku Awi, Kumalasepa Kaayaan Sakolana


SDN 2 Nangewer Darangdan Ditunjel ku Awi, Kumalasepa Kaayaan Sakolana


Purwakarta – Warta Sunda Online,-

Kaayaan wangunan SD Negeri 2 Nangewer nu perenahna di Jalan Haji Ahmad Dasuki, Kampung Krajan RT 01/02, Désa Nangewer, Kecamatan Darangdan, Kabupaten Purwakarta, ayeuna jadi sorotan lantaran kondisina kacida memprihatinkeunna sarta merlukeun perhatian serius ti pamaréntah daerah.

Sababaraha bagian wangunan sakola dilaporkeun geus ruksak parna. Malah, aya sababaraha titik wangunan nu geus lapuk nepi ka kudu ditahan ku awi supaya henteu ambruk nalika kagiatan belajar mengajar (KBM) lumangsung.

Dumasar kana data nu dihimpun, SDN 2 Nangewer miboga NPSN 20217219 sarta geus ngadeg ti taun 1979 dumasar kana SK Pendirian Nomor 421.2/041/PSD/1979. Sakola éta mangrupa lembaga pendidikan negeri nu aya dina naungan pamaréntah.

Salah saurang pihak sakola nu teu hayang disebut ngaranna ngajelaskeun yén pihakna geus sababaraha kali ngusulkeun bantuan perbaikan ka instansi patali. Sanajan kitu, nepi ka ayeuna can aya realisasi pangwangunan atawa renovasi.

“Urang parantos sababaraha kali ngusulkeun bantuan perbaikan, tapi dugi ka ayeuna can aya tindak lanjut. Kaayaan wangunan beuki ngakhawatirkeun,” pokna ka wartawan.

Salian ti wangunan nu mimiti rapuh, kaayaan rohangan kelas ogé dianggap geus teu layak dipaké pikeun prosés KBM. Pihak sakola hariwang lamun karuksakan éta bisa ngabahayakeun kasalametan murid jeung tenaga pendidik lamun teu geuwat ditangani.

Di tempat anu béda, Kepala Bidang Sarana jeung Prasarana Dinas Pendidikan Kabupaten Purwakarta, Heri Wijaya, dua minggu katukang ngabenerkeun yén kondisi wangunan SDN 2 Nangewer memang geus ruksak sarta merlukeun penanganan.

Numutkeun anjeunna, usulan perbaikan geus diasupkeun kana rencana pangwangunan ngaliwatan dana aspirasi taun 2027.

“Kaayaan sakola memang merlukeun perhatian. Kami parantos ngusulkeun sangkan perbaikanna tiasa di-cover ku dana aspirasi taun 2027,” pokna.

Kapala Désa Nangewer, Asep Munajat, nalika dipenta kamandangna dina Senén (11/5/2026), ngedalkeun rasa prihatin kana kondisi sakola éta. Anjeunna ngaku geus ningali langsung kaayaan wangunan babarengan jeung wartawan.

“Sim kuring ngaharepkeun pamaréntah geuwat méré perhatian pinuh ka sakola ieu. Ulah nepi ka aya kajadian nu teu dipikahayang nu bisa ngabahayakeun barudak nalika KBM lumangsung,” saurna.

Masarakat ayeuna ngaharepkeun sangkan pamaréntah daerah geuwat nyandak léngkah nyata supaya prosés belajar mengajar di SDN 2 Nangewer tetep aman, nyaman, sarta merenah pikeun murid jeung tenaga pendidik.***



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SDN 2 Nangewer Darangdan Ditunjel ku Awi, Kumalasepa Kaayaan Sakolana"

Posting Komentar