SDN Rawasari Plered Gelar Pelepasan Siswa Kelas VI ku Adat Sunda, Kepala Sakola Ngarasa Reueus
SDN Rawasari Plered Gelar Pelepasan Siswa Kelas VI ku Adat Sunda, Kepala Sakola Ngarasa Reueus
Purwakarta – Warta Sunda Online,-
Kepala SDN Rawasari, Kecamatan Plered, Kabupaten Purwakarta, Aep Tirta Prawita, S.Pd., ngedalkeun rasa reueus kana lumangsungna acara Pelepasan Siswa Kelas VI sakaligus Kenaikan Kelas pikeun siswa kelas I nepi ka V anu lumangsung kalayan meriah, pinuh ku ajén budaya Sunda, sarta meunang pangrojong ti kolot murid, Kemis (25/6/2026).
Dina taun ajaran ieu, SDN Rawasari miboga 246 urang siswa. Tina éta jumlah, 48 urang siswa Kelas VI resmi réngsé diajar di SDN Rawasari. Samentara éta, pikeun taun ajaran anyar geus aya 41 urang calon siswa anyar anu kadaptar, tina kuota anu disadiakeun saloba 60 urang.
Acara pelepasan henteu saukur jadi kagiatan sérémonial, tapi ogé jadi momen anu pinuh ku rasa haru. Siswa Kelas VI ngalaksanakeun sembah sungkem ka kolot jeung guru minangka lambang hormat jeung rasa sukur kana sagala pangaping salila diajar di sakola.
Salian ti éta, acara ogé dipapaésan ku upacara adat Sunda anu dipingpin ku Ojat Lukman, S.Pd. salaku palatih. Runtuyan acara beuki semarak ku pintonan seni jeung kréativitas ti siswa-siswi kelas I nepi ka kelas V anu némbongkeun bakatna dina rupa-rupa pintonan.
Nu matak istiméwa, sakabéh acara dikemas ku para kolot wali murid SDN Rawasari, ngagambarkeun kuatna gotong royong jeung sinergi antara sakola, guru, jeung kolot dina ngadidik generasi ngora.
Kepala SDN Rawasari, Aep Tirta Prawita, S.Pd., ngaharepkeun sangkan para lulusan bisa neruskeun atikan ka jenjang salajengna kalayan sumanget, disiplin, sarta tetep ngajaga ajén-inajén budaya Sunda anu geus dipelak ti leuleutik.
Acara pelepasan ieu jadi bukti yén sakola lain ukur tempat néangan élmu pangaweruh, tapi ogé tempat ngawangun karakter, budi pekerti, jeung ngajaga warisan budaya sangkan tetep hirup di tengah-tengah kahirupan masarakat.
0 Response to "SDN Rawasari Plered Gelar Pelepasan Siswa Kelas VI ku Adat Sunda, Kepala Sakola Ngarasa Reueus"
Posting Komentar