WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Ketua LPM: Panghargaan Tilu Pilar Jadi Bukti Kuatna Sinergi di Désa Sukatani

Ketua LPM: Panghargaan Tilu Pilar Jadi Bukti Kuatna Sinergi di Désa Sukatani Purwakarta - Warta Sunda Online,- Désa Sukatani, K...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Ketua LPM: Panghargaan Tilu Pilar Jadi Bukti Kuatna Sinergi di Désa Sukatani

Ketua LPM: Panghargaan Tilu Pilar Jadi Bukti Kuatna Sinergi di Désa Sukatani

Purwakarta - Warta Sunda Online,-
Désa Sukatani, Kecamatan Sukatani, Kabupaten Purwakarta, hasil nyangking Panghargaan Terbaik Lomba Tilu Pilar dina raraga miéling Hari Bhayangkara ka-80 tingkat Polres Purwakarta. Panghargaan ieu jadi bukti nyata hasil gawé bareng antara pamaréntah désa, Bhabinkamtibmas, Babinsa, jeung sakumna unsur masarakat dina ngajaga kaamanan jeung katertiban lingkungan.


Ketua LPM Désa Sukatani, Asep Undang Juana, SH, ngucapkeun rasa sukur kana prestasi anu kahontal ku Désa Sukatani.

"Alhamdulillah, panghargaan ieu mangrupikeun buah tina kolaborasi anu hadé antara Pamaréntah Désa, Bhabinkamtibmas, Babinsa, sarta partisipasi aktif masarakat. Ku ayana kabersamaan ieu, lingkungan Désa Sukatani tiasa tetep aman, tartib, tur kondusif," saur Asep.

Anjeunna ogé ngaharepkeun sangkan prestasi ieu jadi pangjurung pikeun terus ngaronjatkeun sumanget gotong royong, ningkatkeun kualitas palayanan ka masarakat, sarta ngaraketkeun sinergitas antar sakumna unsur di désa.

Numutkeun anjeunna, panghargaan lain tujuan ahir, tapi jadi awal pikeun terus ngaronjatkeun pangabdian ka masarakat.
"Panghargaan sanés garis ahir, tapi titik awal pikeun ngahadirkeun pangabdian anu leuwih miboga harti pikeun masarakat," pokna.

Ku ayana panghargaan ieu, dipiharep Désa Sukatani bisa terus jadi conto dina ngawangun sinergi Tilu Pilar anu solid, demi ngawujudkeun désa anu aman, maju, tur sejahtera.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Ketua LPM: Panghargaan Tilu Pilar Jadi Bukti Kuatna Sinergi di Désa Sukatani"

Posting Komentar