WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Dinas Pendidikan Purwakarta, Gelar Pelatihan Pupuh jeung Karawitan pikeun Guru SD di Campaka jeung Cibatu

Dinas Pendidikan Purwakarta, Gelar Pelatihan Pupuh jeung Karawitan pikeun Guru SD di Campaka jeung Cibatu Purwakarta – Warta Sun...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Miéling Hari Bhayangkara ka-80, Danramil 1903/Darangdan Nepikeun Wilujeng ka Polri, Sinergitas TNI-Polri Beuki Solid

Miéling Hari Bhayangkara ka-80, Danramil 1903/Darangdan Nepikeun Wilujeng ka Polri, Sinergitas TNI-Polri Beuki Solid


Purwakarta – Warta Sunda Online,-
Dina raraga miéling Milangkala Bhayangkara ka-80, Danramil 1903/Darangdan, Kapten Kav. Unang Sunarya, nepikeun ucapan wilujeng ka sakumna jajaran Kepolisian Republik Indonesia.

Kapten Kav. Unang Sunarya ngahaturkeun pangajén ka Polri anu salawasna satia ngalaksanakeun pancén dina ngajaga kaamanan, katertiban, jeung méré pangayoman ka masarakat.

"Wilujeng Milangkala Bhayangkara ka-80. Mugia Polri salawasna sumanget dina ngariksa, ngalindungan, jeung ngalayanan bangsa. Mugia sinergitas TNI-Polri tetep solid tur kajaga, dipikanyaah ku rahayat, sarta beuki jaya dina ngawula ka nagara," saur anjeunna.

Numutkeun anjeunna, hubungan anu harmonis antara TNI jeung Polri mangrupa modal penting dina ngajaga stabilitas kaamanan, nguatkeun persatuan, sarta ngarojong kamajuan pangwangunan, hususna di wewengkon Kabupaten Purwakarta.

Miéling Milangkala Bhayangkara ka-80 ieu dipiharep jadi panyangkem pikeun terus nguatkeun gawé bareng antara TNI, Polri, pamaréntah, jeung masarakat demi ngajaga Indonesia anu aman, tengtrem, jeung kondusif.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Miéling Hari Bhayangkara ka-80, Danramil 1903/Darangdan Nepikeun Wilujeng ka Polri, Sinergitas TNI-Polri Beuki Solid"

Posting Komentar