H. Farid Dipiharep Jadi Angin Parobahan keur Désa Liunggunung, APDESI Nepikeun Pangrojong ka Pamingpin Ngora
H. Farid Dipiharep Jadi Angin Parobahan keur Désa Liunggunung, APDESI Nepikeun Pangrojong ka Pamingpin Ngora
PLERED - Warta Sunda Online,-
APDESI Kecamatan Plered nepikeun rasa bungahna sanggeus mucunghulna sosok pamingpin ngora dina prosés Pergantian Antar Waktu (PAW) Kepala Désa Liunggunung. H. Farid, S.M., anu hasil meunang dina PAW kalayan raihan 51 sora tina total 110 sora nu diparebutkeun, ayeuna resmi jadi nahkoda anyar pikeun mingpin Désa Liunggunung.
Ketua APDESI Kecamatan Plered, H. Zuber Jaelani, ngaku reueus jeung bungah ku hadirna generasi ngora dina kapamingpinan désa. Numutkeun anjeunna, hadirna pamimpin ngora dipiharep bisa mawa sumanget anyar pikeun kamajuan désa sarta leuwih deukeut jeung aspirasi masarakat.
Disagedengeun éta, Sekretaris APDESI Kecamatan Plered, Riyan Abdillah, S.Kom, miharep H. Farid bisa neruskeun tapak lacak pangabdian almarhum ramana, H. Bastomi, anu saméméhna ngajabat salaku Kepala Désa Liunggunung periode 2023–2031. Nanging, almarhum pupus di tengah masa jabatan nepi ka ahirna dilaksanakeun PAW pikeun nuluykeun roda pamaréntahan désa.
“Simkuring miharep H. Farid tiasa neruskeun perjuangan sareng pangabdian almarhum ramana pikeun masarakat Liunggunung. Ieu jadi amanah gedé anu kedah dijaga kalayan hadé,” saur Riyan.
Di sisi séjén, pemerhati politik Jaji ka Warta Sunda Online, Ahad, 10/5/2026, nyebutkeun yén kameunangan H. Farid jadi sinyal kuat yén masarakat hoyong aya robahan dina tata kelola désa. Anjeunna ngajelaskeun yén prosés PAW lumangsung cukup kompetitif kalayan total 110 sora nu diparebutkeun, sarta H. Farid hasil unggul ku 51 sora ninggalkeun para pesaingna.
Jaji ogé nepikeun harepanana sangkan kapamingpinan ngora di Liunggunung bisa jadi awal kamajuan anyar keur désa.
“Kalayan pamimpin ngora, mugia janten robahan anyar pikeun kamajuan Liunggunung. Bisa ngadangukeun jeung narima asupan ti para tokoh jeung seniorna. Teras ngarobah tatanan anu salila ieu jadi sumber pasualan di lingkungan désa,” pokna.
Salajengna, anjeunna ogé miharep H. Farid tiasa nuluykeun program pangwangunan anu tepat guna sarta nyieun gebrakan anyar ngaliwatan sumanget jeung jiwa ngorana demi kamajuan masarakat Désa Liunggunung.***
0 Response to "H. Farid Dipiharep Jadi Angin Parobahan keur Désa Liunggunung, APDESI Nepikeun Pangrojong ka Pamingpin Ngora"
Posting Komentar