Dinas Pendidikan Purwakarta, Gelar Pelatihan Pupuh jeung Karawitan pikeun Guru SD di Campaka jeung Cibatu
Dinas Pendidikan Purwakarta, Gelar Pelatihan Pupuh jeung Karawitan pikeun Guru SD di Campaka jeung Cibatu
Purwakarta – Warta Sunda Online,-
Dinas Pendidikan Kabupaten Purwakarta ngaliwatan surat resmi Nomor 000.1/2348-PK/3026 tanggal 25 Juni 2026 ngayakeun kagiatan Pelatihan/Pembelajaran Seni Budaya (Pupuh jeung Karawitan) pikeun guru Sekolah Dasar Negeri di Kecamatan Campaka jeung Kecamatan Cibatu.
Kagiatan anu dilaksanakeun dina 1 Juli 2026 ieu dipuseurkeun di SDN 2 Cilandak, Kecamatan Cibatu, kalayan tujuan ngaronjatkeun kamampuh guru dina widang seni budaya Sunda, hususna pupuh jeung karawitan, sangkan bisa diterapkeun dina prosés pangajaran di sakola.
Jumlah pamilon nu hadir jumlahna Aya kana 82 urang, ngawengku guru ti 15 SD Negeri di Kecamatan Cibatu jeung 20 SD Negeri di Kecamatan Campaka. Unggal sakola diwajibkeun ngutus dua urang guru anu ngabidangi mata pelajaran Seni Budaya pikeun narima pangaweruh jeung katerampilan dina widang pupuh sarta karawitan.
Kagiatan dipandu ku Rudi Iskandar, S.Pd., Analis SDM Aparatur Ahli Muda dina Bidang Pembinaan Pendidikan Dasar Dinas Pendidikan Kabupaten Purwakarta anu ogé ngemban tugas minangka Kasi Pembinaan PAUD jeung TK. Dina palaksanaanana, anjeunna ngakoordinir kagiatan bari gawé bareng jeung Ketua Pangauban Kawih Sunda Sekar Kawinayaan pikeun nguatkeun pelestarian budaya Sunda di lingkungan pendidikan.
Sababaraha narasumber anu hadir di antarana Dodi Winandi, S.Pd., M.Pd. (Kabid GTK), Rusyana, S.Pd. (Kasi Kurikulum), Rudi Iskandar, S.Pd. (Kasi Pembina TK/PAUD), Ade Suryadin, M.Pd. (Ketua Pangauban Kawih Sunda Sekar Kawinayaan), praktisi seni M. Isro, Ceu Onih, jeung Selud.
Ngaliwatan ieu pelatihan, Dinas Pendidikan Kabupaten Purwakarta miharep para guru miboga kompetensi anu leuwih hadé dina ngawariskeun seni budaya Sunda ka para siswa, sangkan ajén-inajén budaya lokal tetep hirup tur dipikareueus ku generasi ngora.***
0 Response to "Dinas Pendidikan Purwakarta, Gelar Pelatihan Pupuh jeung Karawitan pikeun Guru SD di Campaka jeung Cibatu"
Posting Komentar