WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Pagar Nusa Purwakarta Gelar Pengkaderan Tilu Poé, Nguatkeun Karakter Jeung Regenerasi Kader NU

Pagar Nusa Purwakarta Gelar Pengkaderan Tilu Poé, Nguatkeun Karakter Jeung Regenerasi Kader NU Purwakarta – Warta Sunda Online,-...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Pagar Nusa Purwakarta Gelar Pengkaderan Tilu Poé, Nguatkeun Karakter Jeung Regenerasi Kader NU

Pagar Nusa Purwakarta Gelar Pengkaderan Tilu Poé, Nguatkeun Karakter Jeung Regenerasi Kader NU

Purwakarta – Warta Sunda Online,-
Pimpinan Cabang Pagar Nusa Kabupaten Purwakarta ngagelar kagiatan pengkaderan salila tilu poé kalayan ngumpulkeun 108 peserta ti genep kacamatan, nyaéta Tegalwaru, Plered, Sukatani, Maniis, Sukasari, jeung Bungursari. Kagiatan ieu jadi bagian tina usaha nguatkeun regenerasi kader sarta ngawangun karakter generasi ngora di lingkungan Nahdlatul Ulama (NU).

Ketua Panitia, Ust. Kusmawanto, didampingi ku Sekretaris Panitia, Mustaqim, ka Warta Sunda Online, Saptu 4/7/2026 nétélakeun yén target peserta sabenerna ngahontal 100 urang, tapi antusiasme masarakat ngajadikeun jumlah nu milu ngahontal 111 peserta. Maranéhna asalna tina rupa-rupa tingkatan pendidikan, mimitian ti SD, SMP, nepi ka SMA.

Ketua PC Pagar Nusa Kabupaten Purwakarta, K.H. Yayan Ahmad Mustofa, nekenkeun yén inti tina pengkaderan lain saukur diajar pencak silat, tapi leuwih kana ngawangun pendidikan karakter pikeun regenerasi kader NU anu miboga akhlakul karimah, disiplin, sarta satia kana ajén-inajén Ahlussunnah wal Jamaah.

"Pagar Nusa kudu jadi tempat lahirna kader anu miboga ahlak hadé, jadi suri tauladan, sarta siap ngajaga jeung ngawal perjuangan NU ogé bangsa," pokna.

Dina materi pengkaderan, para peserta dibekelan pangaweruh ngeunaan Ke-NU-an, Ke-Pagar Nusa-an, Kebangsaan, jeung Kejawaraan. Salian ti éta, peserta ogé diwajibkeun ngawasaan Salam Pagar Nusa jeung Jurus Baku Pagar Nusa minangka bagian tina identitas jeung standar latihan pikeun regenerasi.

Pagar Nusa dipikawanoh minangka badan otonom NU dina widang pencak silat. Organisasi ieu ngemban semboyan minangka "Pagarna NU jeung Bangsa", hartina jadi benteng pikeun ngajaga ajaran NU, ngajaga persatuan bangsa, sarta ngaraketkeun nilai-nilai kabangsaan.

Sacara struktural, Pagar Nusa Purwakarta ayeuna miboga sakitar 45 urang pengurus, sedengkeun unggal rayon dipiharep idéalna boga antara 15 nepi ka 25 anggota aktif. Organisasi ieu ogé teu ngabatesan umur pikeun saha waé anu hayang ngagabung salami boga niat pikeun diajar jeung ngabina diri.

Perwakilan peserta ti Kecamatan Tegalwaru, Elan Suherlan, ngahaturkeun rasa bungah bisa ilubiung dina pengkaderan. Numutkeun anjeunna, kagiatan ieu lain ngan ukur nambahan kamampuh bela diri, tapi ogé nambahan wawasan ngeunaan organisasi, agama, jeung cinta ka tanah air.

Samentara éta, perwakilan ti pihak désa, Ketua Dusun Isur, nyatakeun pangrojong pinuh kana lumangsungna pengkaderan. Warga sabudeureun ogé milu ngarojong ku cara nyadiakeun kadaharan jeung inuman pikeun para peserta, sangkan salila kagiatan lumangsung teu kakurangan kabutuhan.

Ngaliwatan pengkaderan ieu, Pagar Nusa Purwakarta ngaharepkeun lahir kader-kader anyar anu henteu ngan kuat dina widang pencak silat, tapi ogé miboga akhlak mulya, jiwa kapamingpinan, sarta siap jadi garda panghareup dina ngajaga ajén-inajén NU, budaya, jeung Negara Kasatuan Republik Indonesia.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Pagar Nusa Purwakarta Gelar Pengkaderan Tilu Poé, Nguatkeun Karakter Jeung Regenerasi Kader NU"

Posting Komentar