Festival Gema Muharram 1448 H di Desa Gandamekar Jadi Ajang Ngawangun Generasi Hijrah Nu Islami Jeung Kompetitif
Festival Gema Muharram 1448 H di Desa Gandamekar Jadi Ajang Ngawangun Generasi Hijrah Nu Islami Jeung Kompetitif
Purwakarta – Warta Sunda Online,-
Dina raraga mapag Taun Anyar Islam 1448 Hijriah, Pamaréntah Desa Gandamekar, Kecamatan Plered, Kabupaten Purwakarta, ngayakeun Festival Gema Muharram 1448 H anu dilaksanakeun dina Sabtu, 4 Juli 2026, di Gedong SDN 2 Gandamekar.
Kagiatan anu geus jadi agenda taunan ieu ngalibetkeun sakumna majelis ta'lim di unggal wewengkon RW di Desa Gandamekar. Taun ieu giliran RW 03 nu jadi panata acara, kalayan dirojong ku opat RW di éta wewengkon. Kitu ceuk Kepala Desa Gandamekar, Heru Kurniawan ka Warta Sunda Online di lokasi acara.
Ketua Panitia, Budi Mulyana, ngajelaskeun yén festival diiluan ku kurang leuwih 150 peserta tina tingkat RA, MI, nepi ka MTs, nu asalna ti 9 Majelis Ta'lim sa-Desa Gandamekar.
Rupa-rupa pasanggiri dipagelarkeun pikeun ngaronjatkeun pangaweruh agama, kaparigelan, jeung rasa percaya diri barudak. Di antarana Musabaqah Hifdzil Qur'an (MHQ), Nadom Sunda, Maca Al-Barzanji, Adzan, Kaligrafi, Pildacil, Rangking 1, Cerdas Cermat Islami, Murrotal, jeung Baca Puisi Islami.
Festival ieu ngangkat téma "Generasi Hijrah: Hebat, Islami, Jujur, Rajin, Amanah, jeung Harmonis." Téma éta dipiharep mampuh ngadorong lahirna generasi ngora anu miboga akhlak mulya, sumanget diajar, sarta siap nyanghareupan tantangan jaman.
Sekretaris Desa Gandamekar, Helmi Abdul Aziz, S.Pd.I, ngaku reueus ningali antusiasme para peserta, kolot, guru ngaji, jeung masyarakat anu kacida gedéna. Numutkeun anjeunna, festival ieu lain ukur ajang pasanggiri, tapi ogé jadi sarana ngaraketkeun silaturahmi antarguru ngaji jeung majelis pangaosan di sakuliah desa.
Samentara éta, Kepala Desa Gandamekar, Heru Kurniawan, nétélakeun yén Festival Gema Muharram geus jadi tradisi anu dipiara unggal taun minangka bagian tina hajat desa dina mapag bulan Muharram.
"Kagiatan ieu rutin dipagelarkeun unggal taun, sarta pelaksanaanana digilir di unggal wilayah RW sangkan sakumna masyarakat bisa milu ngarasa miboga jeung babarengan ngamumulé syiar Islam," pokna.
Dina palaksanaanana, festival ogé meunang rojongan ti 13 mahasiswa Universitas Singaperbangsa Karawang (Unsika) anu keur ngalaksanakeun pangabdian ka masyarakat salila dua minggu di Desa Gandamekar. Koordinator mahasiswa, Fatihul Noer Ihsan, nyebutkeun yén kagiatan ieu miboga nilai religius anu kuat pikeun barudak, bari sakaligus numuwuhkeun jiwa kompetitif dina suasana anu séhat jeung islami.
Salah saurang perwakilan peserta, Muhammad Adzkhan Yaqdan Nasrulloh, siswa kelas VI MI Miftahussalamah ti Majelis Ta'lim Riyadul Mutta'alimin, ngarasa bungah bisa ilubiung dina festival éta. Ceuk anjeunna, pangalaman milu pasanggiri jadi motivasi pikeun leuwih rajin diajar agama sarta ngalatih kawani tampil di hareupeun balaréa.
Panitia ogé negeskeun yén inti tina sakabéh pasanggiri lain saukur ngudag gelar juara. Sakumaha ditepikeun ku salah saurang panitia, Ai, hususna dina lomba mewarnai, tujuan utamana nyaéta supaya barudak leuwih wani milu, kreatif, sarta henteu ngan ukur ngarepkeun hadiah.
Ngaliwatan Festival Gema Muharram 1448 H ieu, Pamaréntah Desa Gandamekar miharep sumanget hijrah henteu ukur jadi simbol mapagna taun anyar Islam, tapi ogé jadi gerakan nyata dina ngawangun generasi anu religius, berkarakter, sarta harmonis di tengah-tengah kahirupan masyarakat.
Dukungan ogé sumping ti Ketua Ikatan Sarjana Nahdlatul Ulama (ISNU) Kecamatan Plered, Miftah Parid, S.Pd.I. Numutkeun anjeunna, Festival Gema Muharram mangrupa program anu kacida positifna pikeun nguatkeun karakter jeung budaya Islami di kalangan generasi ngora.
"Abdi kacida ngarojongna kana program anu digagas ku Kepala Desa Gandamekar. Dina kaayaan kiwari, nalika barudak beuki resep kana gadget jeung média digital, maranéhna kudu tetep diwanohkeun kana budaya Islam, ajén-inajén kaagamaan, jeung tradisi islami anu hadé. Kagiatan sapertos kieu jadi salah sahiji ikhtiar pikeun ngajaga akhlak, nguatkeun silaturahmi, sarta ngawangun generasi anu religius tanpa ninggalkeun jati diri budaya Islam," saur Miftah Parid.
Anjeunna ogé ngaharepkeun sangkan program Festival Gema Muharram tiasa terus dilaksanakeun sacara rutin unggal taun, malah janten inspirasi pikeun désa-désa séjén dina ngawangun generasi anu berilmu, berakhlak, sarta cinta kana ajaran Islam.***
0 Response to "Festival Gema Muharram 1448 H di Desa Gandamekar Jadi Ajang Ngawangun Generasi Hijrah Nu Islami Jeung Kompetitif"
Posting Komentar