WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

SDN 2 Nangewer Darangdan Ditunjel ku Awi, Kumalasepa Kaayaan Sakolana

SDN 2 Nangewer Darangdan Ditunjel ku Awi, Kumalasepa Kaayaan Sakolana Purwakarta – Warta Sunda Online,- Kaayaan wangunan SD Nege...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

H. Farid Resmi di Istrenan Jadi Kepala Désa PAW Liunggunung, Bupati Tekenkeun Amanah jeung Ngabdi ka Rahayat

H. Farid Resmi di Istrenan Jadi Kepala Désa PAW Liunggunung, Bupati Tekenkeun Amanah jeung Ngabdi ka Rahayat



PLERED – Warta Sunda Online,- 

Suasana haru jeung pinuh ku sumanget karasa di Désa Liunggunung, Kecamatan Plered, dina prosesi pelantikan Kepala Désa Pengganti Antar Waktu (PAW), Minggu siang. Sanggeus ngalangkungan prosés pamilihan ti jam 11.00 nepi ka jam 14.00 WIB, H. Farid, S.M. hasil unggul dina pamilihan kalayan meunang 51 sora.

Sedengkeun calon nomor urut 1 meunang 40 sora, sarta nomor urut 3 meunang 18 sora. Hasil éta netepkeun H. Farid minangka Kepala Désa PAW Liunggunung pikeun neruskeun kapamingpinan nepi ka ahir masa jabatan taun 2031.

Sanggeus ditetepkeun jadi nu meunang, H. Farid disambut haneut ku warga di Kampung Bihbul, RT 10/03, Desa Liunggunung Kecamatan Plered - Purwakarta. Atmosfir kabagjaan katempo tina dukungan warga nu miharep hadirna pamimpin anyar anu bisa ngaraketkeun rahayat jeung ngawangun désa leuwih maju.

Acara istrenan dihadiran ku unsur pamaréntahan jeung TNI-Polri, di antarana Kadis DPMD, Danramil, Polsek, para Kepala Désa sa-Kecamatan Plered, unsur Linmas, tokoh agama, sarta tokoh masarakat.

Bupati Purwakarta Saepul Bahri Bin Zein, S.Ag : Uar pangajak ka Kepala Desa Pinilih PAW Desa Liunggunung, H. Farid, S.M., Sangkan Ngajaga Amanah sareng Ngandi ka Masarakat.* Doc_WartaSundaOnline.

Dina suasana nu disaksian ku Gunung Sinalengis, H. Farid, S.M. nu lahir di Tegal Astana tanggal 4 Januari 2000, dipikawanoh minangka putra kaopat ti H. Bastomi (Alm) Kepala Desa, Sanajan umurna masih ngora, anjeunna dipikawanoh miboga pamikiran anu dewasa sarta dianggap mampuh neruskeun amanah pikeun mingpin Désa Liunggunung periode 2023-2031 nepi ka 5 Désémber 2031.

Dina sambutanna, Bupati Purwakarta Saepul Bahri Bin Zein, S.Ag, inyanal euwih nekenkeun pentingna gerak gancang pikeun Kepala Désa anyar dina ngalayanan masarakat. Bupati ngaharepkeun sangkan H. Farid bisa jadi pamimpin anu wijaksana, merakyat, sarta sanggup ngajalankeun tugas kalayan amanah.

“Jadilah kepala désa anu deukeut jeung rahayat, tong pilih kasih, kudu amanah sarta salawasna ngabantu kapentingan warga,” saur Bupati dina sambutanna.

Samentara éta, Ahyar budak ngawangkong Jeung Bupati salaku salah saurang warga nyebut yén masarakat miboga harepan gedé ka kapamingpinan anyar ieu. Ceuk anjeunna, pembangunan jalan, pelayanan masarakat, jeung perhatian ka warga leutik kudu jadi prioritas utama.

Kalayan sumanget anyar jeung dukungan warga, H. Farid dipiharep bisa mawa Désa Liunggunung leuwih maju, guyub, sarta tetep ngajaga ajén-inajén kabudayaan jeung gotong royong di tengah masarakat.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "H. Farid Resmi di Istrenan Jadi Kepala Désa PAW Liunggunung, Bupati Tekenkeun Amanah jeung Ngabdi ka Rahayat"

Posting Komentar