Diduga Rawan KKN, Amarta Soroti SiRUP jeung E-Katalog di DPUTR Purwakarta: Tunda Bayar Rp24,2 Miliar Ieu Jadi Sorotan
Diduga Rawan KKN, Amarta Soroti SiRUP jeung E-Katalog di DPUTR Purwakarta: Tunda Bayar Rp24,2 Miliar Ieu Jadi Sorotan
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,- Pupuhu Aspirasi Masyarakat Purwakarta (Amarta), Tarman Sonjaya, kamandang tur kritik ngeunaan sistem pengadaan barang jeung jasa pamaréntah anu dianggap masih miboga lolongkrang pikeun lumangsungna praktik Korupsi, Kolusi, jeung Nepotisme (KKN).
Sorotan éta ditujukeun kana pamakéan Sistem Informasi Rencana Umum Pengadaan (SiRUP), e-purchasing, jeung e-katalog di lingkungan Dinas Pekerjaan Umum dan Tata Ruang Kabupaten Purwakarta.
Numutkeun Tarman, dumasar kana data SiRUP Lembaga Kebijakan Pengadaan Barang/Jasa Pemerintah taun 2026, DPUTR Purwakarta masih nyésakeun tunda bayar belanja barang jeung/atawa jasa ti taun 2025 anu nilaina ngahontal sakitar Rp24,2 miliar.
“Ini lain saukur perkara administrasi. Ku ayana sistem anu kuduna transparan saperti SiRUP jeung e-katalog, malah mucunghul dugaan rawan kana praktik KKN,” pokna, Kemis (7/5/2026).
Tarman nétélakeun yén sacara aturan, sistem pangadaan berbasis éléktronik saperti e-purchasing ngaliwatan e-katalog dirancang pikeun ningkatkeun transparansi, éfisiénsi, éféktivitas, jeung akuntabilitas. Dasar hukumna ngarujuk kana Peraturan Presiden Nomor 12 Taun 2021 sarta rupa-rupa aturan ti LKPP.
Nanging dina prak-prakan di lapangan, ceuk Tarman, sistem éta can sapinuhna mampuh nutup lolongkrang kecurangan atawa fraud.
“Sacara konsép mémang hadé, tapi dina palaksanaanna masih rawan disalahgunakeun. Hususna dina pangadaan konstruksi ngaliwatan e-katalog,” saurna.
Anjeunna ogé ngajéntrékeun yén mékanisme e-katalog méré kawenangan anu cukup gedé ka oknum Pejabat Pembuat Komitmen (PPK) atawa Pejabat Pengadaan dina nangtukeun panyadia barang jeung jasa. Kaayaan ieu dianggap muka kasempetan pikeun nyalahgunakeun kawenangan.
“PPK atawa pejabat pengadaan bisa waé milih vendor nurutkeun kahayangna. Ieu berpotensi ngarah kana praktik nepotisme, malah nepi ka penunjukan langsung ka pausahaan anu boga kadeketan jeung dinas,” pokna deui.
Salian ti éta, Tarman ogé nyorot dugaan yén ngan pausahaan tangtu anu miboga “komitmen” atawa koneksi jeung dinas anu miboga kasempetan meunang pagawéan.
“Lamun ieu diantep, sistem anu kuduna transparan malah jadi alat anyar pikeun praktik heubeul. Résiko fee proyék, ngabahekeun kualifikasi ketat saperti dina tender konvensional, nepi ka ngatur nu meunang pagawéan, bisa waé kajadian,” cenah.
Amarta ogé ngadorong sangkan aya pangawasan anu leuwih ketat ti lembaga patali, sarta transparansi pinuh dina unggal tahapan pangadaan, hususna dina séktor konstruksi anu nyerep anggaran gedé.
“Pangadaan kudu balik deui kana prinsip bersih, kabuka, jeung akuntabel. Ulah nepi ka sistem digital ngan saukur formalitas, tapi prak-prakan di lapangan masih pinuh ku kapentingan,” pungkasna.***
0 Response to "Diduga Rawan KKN, Amarta Soroti SiRUP jeung E-Katalog di DPUTR Purwakarta: Tunda Bayar Rp24,2 Miliar Ieu Jadi Sorotan"
Posting Komentar