Gebyar Miéling Poé Basa Indung Sadunya di Purwakarta, Ngukuhkeun Mulasara Basa jeung Budaya Sunda
Gebyar Miéling Poé Basa Indung Sadunya di Purwakarta, Ngukuhkeun Mulasara Basa jeung Budaya Sunda
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-Gebyar Miéling Poé Basa Indung Sadunya janten kagiatan taunan anu rutin dilaksanakeun di lingkungan Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta. Ieu kagiatan dilaksanakeun ku alpukah Musyawarah Guru Mata Pelajaran (MGMP) Basa Sunda SMP Kabupatén Purwakarta anu dipingpin ku Yayan Mulyana, kalayan rojongan pinuh ti kulawarga ageung Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta.
Taun ieu, miéling Poé Basa Indung Sadunya diréumbeuy ku rupa-rupa kagiatan pamuka anu museur kana usaha mulasara basa, sastra, aksara, jeung budaya Sunda di kalangan siswa-siswi SMP sa-Kabupatén Purwakarta. Salah sahiji kagiatan anu jadi perhatian nyaéta panén karya Duta Basa Indung anu jadi wahana pikeun némbongkeun kamampuh jeung kréativitas murid dina ngamumulé budaya Sunda.
Kabupatén Purwakarta sorangan miboga Perbup Nomor 75 Tahun 2023 ngeunaan Kurikulum Muatan Lokal Basa Sunda. Dina éta aturan ditegeskeun yén pangajaran Basa Sunda janten mata pelajaran wajib di lingkungan sakola, mimitian ti tingkat TK/RA, SD/MI, nepi ka SMP/MTs.
Ku ayana éta kawijakan, Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta salaku leading sector terus satékah polah ngalaksanakeun rupa-rupa tarékah strategis pikeun ngajanggélékkeun jeung ngaimplementasikeun kurikulum Basa Sunda sacara optimal di lingkungan pendidikan.
Salian ti éta, Pasanggiri Duta Basa Indung anu parantos dilaksanakeun sababaraha waktos ka tukang jadi bagian tina support system dina ngukur hasil implementasi kurikulum Basa Sunda salila sataun katukang. Kagiatan éta dipiharep tiasa janten bahan réfléksi pikeun Dinas Pendidikan jeung para guru Basa Sunda dina ngaronjatkeun kualitas pangajaran basa Sunda ti mangsa ka mangsa.
Ngaliwatan ieu kagiatan, dipiharep rasa mikanyaah kana basa jeung budaya Sunda di kalangan generasi ngora beuki ngaronjat, sangkan warisan budaya karuhun tetep hirup tur mekar di tengah kahirupan masarakat modéren.
Ieu acara dibuka langsung ku Bupati Purwakarta, Saeful Bahri Binjen Dina ujar pangajakna ngeunaan bahasa Indung teh di Purwakarta beda-beda. Warga masyarakat nilik tina lobana pendatang anu sumebar heterogen.
Disagedengeu era, Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Purwakarta, Sadiah, dina biantara rek ngemekarkeun deui program tiap poe Rebo di lingkungan pendidikan sekolah, sangkan tong nepika Tumpur. Poma 20 taun kahareup barudak bakal moal apal Kana basana, hususna Bahasa Sunda.***
0 Response to "Gebyar Miéling Poé Basa Indung Sadunya di Purwakarta, Ngukuhkeun Mulasara Basa jeung Budaya Sunda"
Posting Komentar