WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Wilujeng Milangkala Tatar SundaNyuhun Buhun Nata Nagara

Wilujeng Milangkala Tatar Sunda Nyuhun Buhun Nata Nagara S uasana miéling, ngamumule, jeung ngaraksa budaya Sunda terus karasa d...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

BPK Jabar Ungkab 6 Pasualan Krusial Dina Ngokolan Dana Désa di Purwakarta

BPK Jabar Ungkab 6 Pasualan Krusial Dina Ngokolan Dana Désa di Purwakarta

PURWAKARTA, Warta Sunda Online,- Pelaksana Harian (PLH) Kepala Perwakilan Badan Pemeriksa Keuangan (BPK) Provinsi Jawa Barat, Binsar Kariyanto Pangaribuan, nyorot genep pasualan krusial anu remen kapanggih dina ngokolakeun kauangan désa.

Éta hal ditepikeun dina acara sosialisasi jeung para kapala désa sarta jajaran Pamaréntah Kabupatén Purwakarta, Rebo (6/5).

Dina paparanna, Sudarminto ngajentrekeun sababaraha poin anu kudu dijauhan ku pamaréntah désa sangkan teu kajiret masalah hukum, di antarana:

Nyimpang tina Peruntukan: Pamakéan dana anu teu saluyu jeung rarancang awal, kaasup pikeun nutupan hutang taun saméméhna.

Mark-up: Ngagedékeun harga dina prosés pambayaran.

Proyék Fiktif: Administrasi lengkep, tapi fisik pagawéan atawa barangna teu aya.
Administrasi Teu Profesional: Kurangna pamahaman aparatur désa dina nyusun APBDes jeung LPJ.

Minimna Partisipasi Masarakat: Perencanaan anu teu ngalibetkeun warga nepi ka program jadi teu nyambung jeung kabutuhan masarakat.

Lemahna Tata Kelola BUMDes: Mimiti ti status badan hukum, permodalan, nepi ka kamampuh pangurus anu can nyukupan.

“Patali jeung administrasi, abdi ngusulkeun ka Pak Bupati sangkan aya sesi pangapingan husus. Tujuanna supaya rerencangan kapala désa teu deui ngalakukeun kasalahan dina nyusun APBDes,” ceuk Sudarminto nalika nyarita di podium.

Salian méré pangéling-éling, BPK Jawa Barat ogé nyorong désa-désa di Purwakarta supaya leuwih kréatif dina ngagali Pendapatan Asli Désa (PAD) ngaliwatan investasi jeung ngamaksimalkeun poténsi lokal.

Manéhna ogé ngahaturkeun apresiasi ka sababaraha désa di Purwakarta anu geus hasil ngahontal panghargaan di tingkat provinsi boh kementerian.

“Sing tetep sumanget jeung terus ngaronjatkeun kamampuh. Kami miharep aya kreativitas anu leuwih luhur dina ngawangun désa supaya mangpaat dana désa téh bener-bener karasa ku masarakat,” pokna.

Dina éta acara hadir unsur pimpinan daérah, anggota kapulisian, sarta ratusan kapala désa sa-Kabupatén Purwakarta.
(Irwan DS)


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "BPK Jabar Ungkab 6 Pasualan Krusial Dina Ngokolan Dana Désa di Purwakarta"

Posting Komentar