WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

MPLS Ramah 2026, Murid Anyar Dipapag Ku Lingkungan Sakola Nu Aman jeung Lancar

MPLS Ramah 2026, Murid Anyar Dipapag Ku Lingkungan Sakola Nu Aman jeung Lancar Warta Sunda | Warta Atikan Pamaréntah ngaliwatan...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Pangjajap Mapag Balébat Fitrah Romadhon



*السلام عليكم ورحمة الله وبركاته*
*بسم الله الرحمن الرحيم...*

Pangjajap ucap nu Munggaran, mapag balebat mangsa fitrah nu bakal geusan kasorang, nyawang kalangkang mangsa katukang, asa nalangsa nu taya papadana, gening raga téh lamokot ku dosa...
Loba catur nu teu ka ukur, basa nu pasalia, langkah paripolah nu teu merenah.... Ngalangkungna masa fitrah ieu....

*Simkuring sakulawargi neda wening galih, ikhlas manah wargi sadayana, sareng jembar pangampurana kersa ngalubarkeun tina saneskanten dosa, khilaf sareng kalepatan ka abdi sakulawargi.. 

Anto Sukanto sakulawargi
----------------------------------------
Warta Sunda Onliné

_Panuhun anu kasuhun_...

*Wilujeng  Nisfu Sya'ban*🙏🙏🙏

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Pangjajap Mapag Balébat Fitrah Romadhon"

Posting Komentar