WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

MPLS Ramah 2026, Murid Anyar Dipapag Ku Lingkungan Sakola Nu Aman jeung Lancar

MPLS Ramah 2026, Murid Anyar Dipapag Ku Lingkungan Sakola Nu Aman jeung Lancar Warta Sunda | Warta Atikan Pamaréntah ngaliwatan...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Lockdown di Sukasari Laporan-Laporan teu Tinggaleun


Katerangan Poto :
H. Suminta keur adu renyom di kantorna.*


Jatiluhur, Sukasari - Warta Sunda Onliné,
D
ampak tina Covid-19 mangaruhan sagalarupana. Saperti basa Warta Sunda Onliné ngadongdon ka Kantor Korwil Sukasari Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta nu aya di wilayah service Jatiluhur. Tina urusan laporan-laporan urusan atikan mah kudu jalan. Sok sanajan dina kaayaan lockdown.
Pagawé nu biasana ngeusi atawa nyieun laporan di kantor korwil (harita mah ngaranna UPTD), ayeuna ngan ukur sababaraha urang nu aya. Kituna ogé keur piket di kantorna.
Dina hal ieu mah, H. Suminta dikantorna keur kutak-ketik laporan ti sakola-sakola nu ngalaporkeun sacara manual. Keur mah kaayaan jaringan di Sukasari mah teu kawas di Kecamatan nu séjénna. Kulantaran can meratana pemancar ponsel diwewengkonna.
Jadi tiap laporan yén guru bohna pihak kepala sakola sok datang langsung ka kantor korwil-red. Laporan kana onliné teu mulus kitu waé.
Kituna téh, keur Dinas Pendidikan mah geus nga’malum tina laporan elat ogé. Tapi pihak redaksi Warta Sunda Onliné apal pisan kondisi nu dicaritakeun éta téh. Malah salut ka pihak rengrengan juru atik di Sukasari bisa méré laporan dina kaayaan lockdown.
Para pagawé nu daratang ka kantor korwil giliran hiji datang, hiji kaluar kawas ngantri sembako. Tina nyoko kana kawijakan pamaréntah yén para pagawé sangkan jaga jarak. Di Sukasari ngawaro.
Mugia kaayaan ieu tiasa sagancangna deui normal, ngarah urusan pendidikan teu kaganggu ku Corona.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Lockdown di Sukasari Laporan-Laporan teu Tinggaleun"

Posting Komentar