SDN 2 Cadassari Gelar Acara Paturay Tineung Siswa Kelas VI jeung Kenaikan Kelas, Jadi Ajang Silaturahmi Warga Sakola
SDN 2 Cadassari Gelar Acara Paturay Tineung Siswa Kelas VI jeung Kenaikan Kelas, Jadi Ajang Silaturahmi Warga Sakola
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,- SDN 2 Cadassari ngayakeun acara pelepasan siswa Kelas VI sarta kenaikan kelas siswa Kelas I nepi ka Kelas V dina suasana pinuh ku kahaneutan jeung kabagjaan. Acara ieu dihadiran ku para guru, kolot/wali murid, sarta sakumna siswa.
PLT. Kapala SDN 2 Cadassari, H. Ade Solihin, S.Pd.I, M.Pd., dina biantarana ngahaturkeun rasa syukur ka Allah SWT lantaran sakumna runtuyan acara tiasa lumangsung kalayan lancar tur pinuh ku berkah.
"Alhamdulillah, ku rahmat sareng karunia Allah SWT, urang tiasa ngariung dina acara pelepasan siswa Kelas VI sareng kenaikan kelas. Mugia sadaya kagiatan anu parantos direncanakeun tiasa lumangsung kalayan suksés tur mawa mangpaat pikeun urang sadayana," pokna.
Numutkeun anjeunna, ieu kagiatan lain ukur seremoni panutup taun ajaran, tapi ogé jadi sarana pikeun ngaraketkeun tali silaturahmi antara pihak sakola jeung kolot murid. Anjeunna ogé ngahaturkeun nuhun kana rojongan sarta gawé bareng ti sakumna wali murid salila prosés pendidikan di SDN 2 Cadassari.
Dina kasempetan éta, H. Ade Solihin ogé nyuhunkeun hapunten ka kolot murid lamun salila prosés diajar-ngajar aya kakurangan ti pihak sakola boh dina palayanan boh dina pangajaran.
"Kami atas nami sakumna guru sareng tenaga kependidikan nyuhunkeun dihampura bilih aya kalepatan atanapi kakurangan dina ngabimbing sareng ngadidik putra-putri Bapak sareng Ibu sadayana," saurna.
Ka para lulusan Kelas VI, anjeunna nepikeun amanat sangkan teras sumanget dina ngudag élmu di jenjang salajengna, boh anu neruskeun ka SMP umum boh ka lembaga pendidikan berbasis pesantren.
"Sakola dasar mangrupikeun gerbang awal pikeun ngaléngkah ka masa depan. Jaga nami hadé kulawarga, jaga nami hadé sakola, sareng sing janten murid anu pinter, soleh, miboga akhlak mulya, sarta tiasa ngabanggakeun kolot," pesenna.
Dina taun ajaran ieu SDN 2 Cadassari, nu jumlah siswa 165 anu asup kacatet aya 27 siswa, anu kaluar janten tanda yén kapercayaan masarakat kana lembaga pendidikan ieu terus ningkat.
Acara ditutup ku doa babarengan sarta pintonan kreatifitas siswa anu nambahan sumanget kabersamaan di lingkungan SDN 2 Cadassari. Ku ayana kagiatan ieu, dipiharep hubungan antara sakola, murid, jeung kolot murid bakal terus harmonis pikeun ngadukung kamajuan pendidikan di mangsa nu bakal datang.
Dina kasempetan eta, Anggota DPRD Kabupaten Purwakarta, Dapil Tegalwaru, Wawan Setiawan, mugia para siswa anu kaluar ninggalkeun sakola tiasa ngalajengkeun ka jenjang SMP/Mts atanapi Ponpes. Kituna oge siswa anu naraek kelas sing diajar suhud.***
0 Response to "SDN 2 Cadassari Gelar Acara Paturay Tineung Siswa Kelas VI jeung Kenaikan Kelas, Jadi Ajang Silaturahmi Warga Sakola"
Posting Komentar