WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

SDN 2 Sindangsari Plered Tunjukkeun Prestasi Akademik jeung Nonakademik, Jadi Reueus Warga Sakola

SDN 2 Sindangsari Plered Tunjukkeun Prestasi Akademik jeung Nonakademik, Jadi Reueus Warga Sakola PURWAKARTA – Warta Sunda Onlin...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

SDN 2 Sindangsari Plered Tunjukkeun Prestasi Akademik jeung Nonakademik, Jadi Reueus Warga Sakola

SDN 2 Sindangsari Plered Tunjukkeun Prestasi Akademik jeung Nonakademik, Jadi Reueus Warga Sakola


PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-
SDN 2 Sindangsari, Kecamatan Plered, terus nembongkeun kamajuan dina widang akademik boh nonakademik. Kalawan jumlah siswa ngahontal 159 urang, sakola ieu hasil ngaluluskeun 33 siswa Kelas VI, sedengkeun dina taun ajaran anyar narima 21 siswa anyar.

Kapala SDN 2 Sindangsari, Aan Nurjanah, S.Pd., nyatakeun yén rupa-rupa prestasi anu diraih ku para siswa mangrupa hasil tina gawé babarengan sakumna warga sakola, guru, kolot siswa, jeung dukungan masarakat.

Dina widang akademik jeung kaparigelan, SDN 2 Sindangsari hasil ngahontal Juara 1 Kriya tingkat Kecamatan, sarta neruskeun ka tingkat kabupaten kalayan hasil anu ngabanggakeun ku meunang peringkat ka-4 tingkat Kabupaten Purwakarta.

Disagedengeun éta, dina ajang Festival Tunas Basa Ibu (FTBI), salah saurang siswi SDN 2 Sindangsari hasil ngahontal Juara ka-3 lomba Carpon Putri, anu jadi bukti yén kamampuhan siswa dina widang basa jeung sastra Sunda terus mekar.

Di widang olahraga, siswa SDN 2 Sindangsari ogé henteu éléh bersaing. Tim sakola hasil ngaraih Juara ka-2 Bola Voli Putra tingkat Kecamatan dina ajang PORAK. Sajaba ti éta, salah saurang siswi hasil jadi Juara ka-1 Catur Putri tingkat Kecamatan, ngaronjatkeun deretan prestasi anu geus diraih ku sakola.

Tim FKGO Kecamatan Plered, Cepi Septiriana, Oge guru SDN 2 Sindangsari, inyana ngungkabkeun rasa reueusna kana sumanget jeung partisipasi para siswa dina sagala widang pasanggiri.

“Urang ngarasa reueus lantaran barudak SDN 2 Sindangsari tiasa aktip milu dina rupa-rupa pasanggiri, boh akademik, seni budaya, boh olahraga. Prestasi ieu janten motivasi pikeun sakumna siswa sangkan terus ngamekarkeun bakat jeung kamampuhna,” pokna.

Numutkeun anjeunna, pangalaman tanding jeung pasanggiri miboga peran penting dina ngawangun mental, disiplin, sportivitas, sarta kapercayaan diri para siswa. Ku kituna, sakola bakal terus ngarojong unggal poténsi anu dipiboga ku peserta didik.

“Mugia prestasi anu geus kahontal ieu janten pangalaman anu berharga pikeun para siswa, hususna dina ngawangun mental juang jeung kamampuhan para atlit ngora pikeun ngahontal cita-cita anu leuwih luhur,” pungkasna.

Prestasi anu diraih ku SDN 2 Sindangsari jadi bukti yén sakola dasar ogé sanggup ngahasilkeun generasi anu unggul dina rupa-rupa widang. Kalawan sumanget babarengan, SDN 2 Sindangsari optimistis bakal terus ngukir prestasi anu leuwih gemilang dina mangsa nu bakal datang.***

(Warta Sunda Online)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SDN 2 Sindangsari Plered Tunjukkeun Prestasi Akademik jeung Nonakademik, Jadi Reueus Warga Sakola"

Posting Komentar