WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Hasil Resmi Lomba Poster JMS FEST 2026 Diumumkeun, Siswa SMP jeung SMA Purwakarta Tembongkeun Kreativitas Luar Biasa

Hasil Resmi Lomba Poster JMS FEST 2026 Diumumkeun, Siswa SMP jeung SMA Purwakarta Tembongkeun Kreativitas Luar Biasa Purwakarta ...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

JMS Festival 2026 Jadi Wadah Ngawangun Kasadaran Hukum Generasi Ngora di Purwakarta


JMS Festival 2026 Jadi Wadah Ngawangun Kasadaran Hukum Generasi Ngora di Purwakarta

Purwakarta – Warta Sunda Online,-
Kagiatan Jaksa Masuk Sekolah (JMS) Festival 2026 dilaksanakeun kalayan meriah tur meunang pangrojong ti rupa-rupa pihak. Acara anu diayakeun ku Kejaksaan Negeri Purwakarta ieu dihadiran ku Bupati Purwakarta, unsur Forkopimda, jajaran Kejaksaan Negeri Purwakarta, para kepala sakola, guru, siswa, sarta tamu ondangan séjénna. Lumangsung 18/6/2026 di Bale Sawala Yudistira Purwakarta.

Dina biantarana, Ketua Panitia Ratno Timur Habeahan Pasaribu, S.H., M.H., inyana ngahaturkeun nuhun ka Bupati Purwakarta anu parantos nyempetkeun waktos pikeun hadir sareng masihan dukungan kana kagiatan anu miboga tujuan ngawangun kasadaran hukum di kalangan pelajar. Ucapan nuhun ogé ditepikeun ka unsur Forkopimda, para guru, kepala sakola, sarta siswa anu parantos milu nyukséskeun acara.

Panitia ngajelaskeun yén JMS Festival 2026 lahir tina hasil sawala antara Kejaksaan Negeri Purwakarta jeung para nonoman ngeunaan kumaha cara méré sosialisasi hukum anu henteu matak ngabosenkeun. Ku kituna, dipilih pendekatan anu leuwih edukatif, kreatif, sarta partisipatif sangkan pesen hukum leuwih gampang ditarima ku para pelajar.
“Dina waktu kurang leuwih dua minggu, sakumna pihak sanggup nyiapkeun ieu acara kalayan hasil anu luar biasa jeung saluareun ekspektasi,” ceuk panitia.

JMS Festival 2026 mangrupa bagian tina upaya Kejaksaan Negeri Purwakarta dina ngarojong program pembinaan jeung penyuluhan hukum ka pelajar. Kagiatan ieu dilaksanakeun hasil koordinasi jeung kolaborasi antara Kejaksaan Negeri Purwakarta, Dinas Pendidikan Kabupaten Purwakarta, Kantor Cabang Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Dinas Komunikasi jeung Informatika Kabupaten Purwakarta, Kantor Kementerian Agama, sarta para stakeholder séjénna.

Ngusung téma “Sadar Hukum Sejak Dini”, festival ieu diiluan ku pelajar tingkat SMP/sederajat, SMA/sederajat, nepi ka kalangan pesantren. Rupa-rupa lomba digelar pikeun ngamekarkeun kreativitas bari nguatkeun karakter generasi ngora anu boga integritas, kreatif, sarta taat kana aturan hukum.

Dina laporan panitia disebutkeun yén lomba poster diiluan ku 53 peserta, ngawengku 40 peserta tingkat SMP/sederajat jeung 13 peserta tingkat SMA/sederajat. Sedengkeun lomba drama kolosal diiluan ku 16 kelompok, anu diwangun ku 8 kelompok tingkat SMP/sederajat jeung 8 kelompok tingkat SMA/sederajat.

Pikeun pangajén, lomba poster bakal nangtukeun Juara I, II, jeung III dina unggal tingkatan. Ari lomba drama kolosal bakal méré panghargaan Juara I, II, III, ogé kategori Aktor Pangalusna jeung Aktris Pangalusna.

Numutkeun panitia, jumlah partisipasi anu kacatet dina taun ieu jadi bukti hasil hadé tina kolaborasi antara Kejaksaan Negeri Purwakarta, Pemerintah Daerah, sarta sakumna stakeholder dina nyiptakeun rohangan komunikasi anu positif pikeun generasi ngora.

Panitia ngaharepkeun JMS Festival tiasa terus dilaksanakeun dina taun-taun nu bakal datang sarta jadi agenda edukasi hukum anu jadi kareueus Kabupaten Purwakarta jeung Provinsi Jawa Barat.
“Ku ayana kagiatan ieu, mugia kasadaran hukum di kalangan pelajar beuki ngaronjat sarta bisa ngabentuk generasi ngora anu boga karakter hadé, disiplin, sarta tanggung jawab,” pokna.

Dina ahir biantara, panitia ngahaturkeun nuhun ka sakumna pihak anu geus méré dukungan, arahan, jeung kontribusi pikeun kalancaran acara. Panitia ogé nyuhunkeun dihapunten upami dina palaksanaan kagiatan masih aya kakurangan.***

(WSO)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "JMS Festival 2026 Jadi Wadah Ngawangun Kasadaran Hukum Generasi Ngora di Purwakarta"

Posting Komentar