Hasil Resmi Lomba Poster JMS FEST 2026 Diumumkeun, Siswa SMP jeung SMA Purwakarta Tembongkeun Kreativitas Luar Biasa
Hasil Resmi Lomba Poster JMS FEST 2026 Diumumkeun, Siswa SMP jeung SMA Purwakarta Tembongkeun Kreativitas Luar Biasa
Purwakarta – Warta Sunda Online,-
Panitia JMS (Jaksa Masuk Sekolah) Festival 2026 resmi ngumumkeun hasil rekapitulasi sarta daptar juara lomba poster sanggeus prosés penilaian réngsé dilaksanakeun. Dumasar kana hasil panginputan data nilai ti dewan juri, para peserta pangalusna ti tingkat SMP jeung SMA/sederajat hasil nunjukkeun kamampuh kreatif dina nepikeun pesen kasadaran hukum ngaliwatan karya poster.
Dina kategori tingkat SMP/sederajat, kapinunjulan eta dihandap ieu:
Posisi Juara I disangking ku Dzakira Alya Khairunnisa ti SMP IT Albina kalayan bobot nilai 97,1.
Posisi Juara II disangking ku Praneta Bunga Cakti ti SMP Negeri 1 Plered kalayan nilai 95,3,
Posisi Juara III disangking ku Selma Alinia Qirani ti SMP Negeri 7 Purwakarta kalayan bobot nilai 92,1.
Salajengna dina kategori tingkat SMA/sederajat,
Posisi Juara I disangking ku Nurlita Juliani ti SMK Negeri 1 Sukatani kalayan bobot nilai 97,7.
Posisi Juara II disangking ku Jihan Tsani Khairunnisa ti SMA Negeri 1 Wanayasa kalayan nilai 96,9,
Posisi Juara III disangking ku Keisha Sazy Kirana ti SMA Negeri 1 Sukatani kalayan bobot nilai 94,7.
Lomba poster dina JMS Festival 2026 jadi salah sahiji wahana pikeun ngaronjatkeun kasadaran hukum di kalangan generasi ngora. Ngaliwatan desain visual anu kreatif, para peserta diajak pikeun nyebarkeun ajén-ajén taat hukum, anti perundungan, anti narkoba, sarta ngawangun karakter pelajar anu miboga integritas.
Kitu nu dijentrekeun ku Ketua Panitia Ratno Timur Habeahan Pasaribu, S.H., M.H., ka Warta Sunda Online, inyana ngahaturkeun wilujeng ka sakumna juara sarta apresiasi ka sadaya peserta anu geus ilubiung. Dipiharep, prestasi ieu jadi motivasi pikeun terus mekarkeun bakat seni visual bari nguatkeun pamahaman hukum di lingkungan sakola jeung masarakat.***
0 Response to "Hasil Resmi Lomba Poster JMS FEST 2026 Diumumkeun, Siswa SMP jeung SMA Purwakarta Tembongkeun Kreativitas Luar Biasa"
Posting Komentar