WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Pawai Obor di Pasar Jumat Aya Musibah, Saurang Ketua RT Nalika Atraksi Debus, Kalentab Seuneu

Pawai Obor di Pasar Jumat Aya Musibah, Saurang Ketua RT Nalika Atraksi Debus, Kalentab Seuneu Purwakarta – Warta Sunda Online,-...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Cahaya 1 Muharram 1448 H, Nya'angan Kota Purwakarta Mapaes Mapag Milangkala Purwakara


Cahaya 1 Muharram 1448 H, Nya'angan Kota Purwakarta Mapaes Mapag Milangkala Purwakara

Purwakarta – Warta Sunda Online,-
Malam Taun Anyar Islam 1 Muharram 1448 Hijriah di Kabupaten Purwakarta lumangsung kalayan sumanget tur pinuh ku kaagamaan. Rébuan warga anu sumebar di 17 kacamatan, 182 désa, jeung 9 kalurahan milu ngarak obor pikeun mapag datangna taun anyar Islam.

Cahaya obor eta nya'angan mapag Milangkala Kota Purwakarta ka-195 jeung Kabupaten Purwakarta ka-58 Taun 2026 jadi momen pikeun ngukuhkeun komitmen dina ngamumulé, ngajaga, jeung ngamekarkeun ajén-inajén kaagamaan minangka jati diri masarakat Purwakarta. 

Ti mimiti ba’da Magrib nepi ka peuting, jalan-jalan kampung, désa, jeung kalurahan dipinuhan ku cahaya obor anu dibawa ku barudak, rumaja, nepi ka kolot. Gema shalawat, takbir, jeung do’a ngagema sapanjang jalan, nambahan khidmat suasana mapag taun anyar Hijriah.

Pawai obor anu geus jadi tradisi turun-tumurun di tengah masarakat téh lain ukur kagiatan seremonial, tapi ogé mibanda harti anu jero minangka lambang cahaya hijrah, nya éta tekad pikeun ninggalkeun hal-hal goréng sarta ngaléngkah kana kahirupan anu leuwih hadé, sakumaha perjuangan hijrah Nabi Muhammad SAW.

Di sababaraha wewengkon, pawai obor ogé dihias ku pintonan hadroh, marawis, bedug, jeung kasenian Islami lianna. Masarakat kacida antusiasna ngiringan ieu kagiatan, nepi ka suasana Purwakarta katémbong caang ku rébuan obor anu nyorot ti unggal penjuru désa jeung kalurahan.

Kagiatan ieu ngalibetkeun rupa-rupa unsur masarakat, di antarana para ulama, tokoh agama, DKM masjid, majelis taklim, karang taruna, lembaga atikan, sarta aparatur pamaréntahan di tingkat désa jeung kalurahan. Kabersamaan anu kacipta dina pawai obor jadi bukti kuatna ajén gotong royong jeung ukhuwah Islamiyah di Purwakarta.

Masarakat ngaharepkeun sangkan sumanget hijrah dina 1 Muharram 1448 H teu ukur jadi pangéling-éling unggal taun, tapi ogé jadi motivasi pikeun ngaronjatkeun iman, taqwa, akhlak, jeung kapadulian sosial dina kahirupan sapopoé.

Ku caangna rébuan obor anu nyaangan peuting di 17 kacamatan, 182 désa, jeung 9 kalurahan, Purwakarta sakali deui némbongkeun dirina minangka daérah anu ngajaga tradisi kaagamaan, ngalestarikeun budaya, sarta ngaraketkeun duduluran dina bingkai hijrah jeung kabersamaan.

(Redaksi Warta Sunda Online).

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Cahaya 1 Muharram 1448 H, Nya'angan Kota Purwakarta Mapaes Mapag Milangkala Purwakara"

Posting Komentar