WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Putra Mantan Kades Fahru Sanusi, Iwan Sudandi Siap Tarung di Pilkades: “Fokus Palayanan, Siap Dikritik”

Putra Mantan Kades Fahru Sanusi, Iwan Sudandi Siap Tarung di Pilkades: “Fokus Palayanan, Siap Dikritik” Purwakarta – Warta Sunda Online,- Iw...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Putra Mantan Kades Fahru Sanusi, Iwan Sudandi Siap Tarung di Pilkades: “Fokus Palayanan, Siap Dikritik”

Putra Mantan Kades Fahru Sanusi, Iwan Sudandi Siap Tarung di Pilkades: “Fokus Palayanan, Siap Dikritik”



Purwakarta – Warta Sunda Online,-

Iwan Sudandi (54), putra ti mantan Kepala Desa H. Fahru Sanusi anu kungsi ngajabat dua periode ti taun 1984, resmi nyatakeun siap maju dina kontestasi Pilkades. Ku ngusung visi palayanan ka masarakat anu leuwih optimal, Iwan ngaku geus nyiapkeun diri sacara matang ngajelang tahapan penting anu dijadwalkeun bakal lumangsung tanggal 10 Méi nu bakal datang.

Iwan lahir di Purwakarta, 20 Juni 1972. Anjeunna kungsi sakola di SDN Cidadapan Anjun 1, tuluy ka MTs Al-Balagoh, nepi ka tamat SMA di Saba taun 1993. Sajaba ti éta, anjeunna ogé katelah aktif dina organisasi, salah sahijina kungsi ngajabat jadi Ketua PAC Sukatani dina hiji organisasi kemasyarakatan salila opat taun.

“Alhamdulillah, teu aya kendala. Sadayana dijalani ku niat ibadah, hakekatna mah ka Allah. Nepi ka ayeuna urang terus nyiapkeun diri,” saur Iwan.

Ti sisi kulawarga, Iwan mangrupa anak kaopat tina dalapan sadulur. Anjeunna meunang rojongan kuat ti pamajikanana, Ulfa, anu jadi salah sahiji panyemangat utama dina léngkah pencalonanana.

“Dukungan ti istri mah luar biasa, ikhlas ridho. Nu penting positif jeung siap ngadampingi,” pokna.

Henteu ngan ukur ti kulawarga inti, rojongan ogé ngalir ti kulawarga ageung H. Fahru Sanusi ogé sababaraha tokoh masarakat anu méré dorongan moril kana pencalonanana.

Dina komitmenna, Iwan negeskeun bakal kabuka kana sagala kritik ti masarakat.

“Urang kudu siap dikritik, sabab kritik téh penting keur ngawangun désa leuwih hade,” tegasna.

Anjeunna ogé nyebutkeun yén targetna dina Pilkades teu kudu luhur teuing, tapi leuwih kana hasil nyata keur masarakat.

“Target mah teu kudu luhur teuing, nu penting mah aya hasil. Leuwih ti dua calon ogé geus syukur. Sora mah urang serahkeun ka masarakat,” saur anjeunna.

Dipikanyaho, Iwan miboga pangalaman dina widang usaha, hususna salaku penyuplai material jeung kagiatan di area quarry. Pangalaman éta jadi modal penting pikeun ngartos kabutuhan pangwangunan infrastruktur désa.

Ayeuna, anjeunna geus ngamimitian sosialisasi ka masarakat. Kalayan slogan basajan, “Hirup abdi biasa di jalan,” Iwan hayang nunjukkeun leuwih deuket jeung warga sarta kasiapan pikeun turun langsung ngalayanan.

Disagedengeun éta, Firman Setiabudi, Ketua GRIB PAC Sukatani, nyebut yén pencalonan Iwan Sudandi bakal nambahan dinamika dina bursa Pilkades anu diprediksi bakal kompetitif, sarta dipiharep bisa mawa parobahan positif keur masarakat désa.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Putra Mantan Kades Fahru Sanusi, Iwan Sudandi Siap Tarung di Pilkades: “Fokus Palayanan, Siap Dikritik”"

Posting Komentar