WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

DONGÉNG PIKASEURIEUN Ku : Ganjar Kurnia

DONGÉNG PIKASEURIEUN Ku : Ganjar Kurnia Ayeuna urang hirup dina jaman anu kacida majuna. Kamajuan éta, lain aya dina telepon pinter, mobil l...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Bupati Omzein Tekenkeun Peran Kulawarga jeung Kasadaran Ékologis

Bupati Omzein Tekenkeun Peran Kulawarga jeung Kasadaran Ékologis



Purwakarta – Warta Sunda Online,-

Peringatan Poé Pendidikan Nasional (Hardiknas) taun 2026 di Kabupaten Purwakarta kalaksanakeun kalayan khidmat dina Senén, 4 Méi 2026, di Lapangan PTPN VIII, Cikumpay, Kecamatan Campaka.

Upacara kasebut dipingpin langsung ku Bupati Purwakarta, Saepul Bahri Binzein anu ilahar disapa Ombin. Dina amanatna, anjeunna nekenkeun pentingna sinergi antara kulawarga, sakola, jeung masarakat dina ngawangun pendidikan anu miboga kualitas.

Ngusung téma nasional “Menguatkan Partisipasi Semesta, Mewujudkan Pendidikan Bermutu untuk Semua”, peringatan Hardiknas taun ieu museur kana nguatkeun peran kulawarga minangka pondasi utama pendidikan, ogé ningkatkeun kasadaran ékologis di lingkungan pendidikan.

“Pendidikan lain ngan ukur tanggung jawab sakola, tapi ogé kulawarga jeung masarakat. Kasadaran ékologis kudu jadi bagian tina pembentukan karakter murid ti mimiti leutik,” saur Ombin dina sambutanna.

Salian ti upacara resmi, Dinas Pendidikan Kabupaten Purwakarta ogé ngayakeun rupa-rupa kagiatan, di antarana méré apresiasi kana inovasi pendidikan sarta prak-prakan hadé dina tatanan sakola (TdBA). Ieu kagiatan jadi bentuk pangajén ka satuan pendidikan anu geus nunjukkeun kréativitas jeung dedikasi dina ningkatkeun mutu pangajaran.

Poé Pendidikan Nasional dipiéling unggal tanggal 2 Méi pikeun miéling kalahiran Ki Hajar Dewantara, pelopor pendidikan nasional anu kawentar ku filsafatna “Ing Ngarsa Sung Tulada, Ing Madya Mangun Karsa, Tut Wuri Handayani.”

Momentum ieu dipiharep jadi pangéling-ngéling pikeun sakumna unsur masarakat supaya terus ilubiung dina ngamajukeun pendidikan, hususna dina nyetak generasi anu miboga karakter hadé, daya saing, sarta paduli kana lingkungan.

Kadisdik Purwakarta, Sadiah, M.Pd., nyebutkeun yén Hardiknas taun ieu jadi momentum pikeun nguatkeun kolaborasi sadaya pihak dina dunya pendidikan.

“Kami terus ngadorong satuan pendidikan pikeun inovatif, henteu ngan dina akademik tapi ogé dina pembentukan karakter jeung kasadaran lingkungan siswa,” saur anjeunna.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Bupati Omzein Tekenkeun Peran Kulawarga jeung Kasadaran Ékologis"

Posting Komentar