Penetapan & Pengundian Nomor Urut Cakades PAW Liunggunung Dilaksanakeun, Tilu Kandidat Siap Tarung
Penetapan & Pengundian Nomor Urut Cakades PAW Liunggunung Dilaksanakeun, Tilu Kandidat Siap Tarung
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,- Panitia Pemilihan Kepala Desa Antar Waktu (PAW) Desa Liunggunung, Kecamatan Plered, Kabupaten Purwakarta, resmi ngalaksanakeun tahapan penetapan calon sakaligus pengundian nomor urut calon kepala desa.
Ketua Panitia, Ahmad Yani, ngajelaskeun yén sakabéh prosés geus dilaksanakeun luyu jeung tahapan sarta hasil musyawarah desa. “Tahapan demi tahapan geus kami jalankeun sacara transparan sarta nurutkeun aturan anu geus disatujuan,” pokna.
Dina éta kagiatan, ditetepkeun tilu calon Kepala Desa PAW Desa Liunggunung, sakaligus dilaksanakeun pengundian nomor urut, nyaéta:
Nomor Urut 1: Dadan
Nomor Urut 2: Farid
Nomor Urut 3: Iwan
Prosés pengundian lumangsung lancar, tertib, jeung transparan, disaksian ku unsur kaamanan ti Polsek Plered jeung Koramil Plered, ogé dihadiran ku Pj. Kepala Desa Liunggunung, Hj. Siti Masitoh, S.Sos.
Salian ti éta, panitia ogé ngabewarakeun hasil penetapan calon ka pihak-pihak anu aya patalina. Para calon salajengna ngalaksanakeun deklarasi damai minangka wujud komitmen pikeun ngajaga kaayaan tetep kondusif sarta ngalaksanakeun pamilihan anu jujur, adil, jeung demokratis.
Kalawan geus ditetepkeunana nomor urut ieu, tahapan Pamilihan Kepala Desa PAW Liunggunung ayeuna asup kana fase penting mapag poe pamilihan. Panitia ngaharepkeun sakumna lapisan masarakat bisa ilubiung aktif bari tetep ngajaga kaamanan jeung katertiban.***

0 Response to "Penetapan & Pengundian Nomor Urut Cakades PAW Liunggunung Dilaksanakeun, Tilu Kandidat Siap Tarung"
Posting Komentar