Milangkala PSM ka-51 Jadi Momen keur Nguatkeun Ngabdi ka Masarakat Purwakarta
Milangkala PSM ka-51 Jadi Momen keur Nguatkeun Ngabdi ka Masarakat Purwakarta
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,- Milangkala Pekerja Sosial Masyarakat (PSM) ka-51 anu dipiéling unggal ping 1 Juli jadi momentum penting pikeun nguatkeun sumanget pangabdian dina ngalayanan masarakat. Ngaliwatan téma "Mengabdi dengan Hati, Bergerak dengan Aksi, Mewujudkan Purwakarta yang Sejahtera dan Berkeadilan Sosial," sakumna PSM diajak sangkan terus ngaronjatkeun kualitas pangabdian demi kahadéan balaréa.
Rahmat Gunawan, Pangurus IPSM Jawa Barat, nétélakeun yén salila 51 taun PSM geus jadi salah sahiji pilar penting dina ngungkulan rupa-rupa pasualan sosial di tengah masarakat. Ku sumanget gotong royong, silih tulungan, jeung pangabdian tanpa pamrih, PSM salawasna hadir jadi sasak harepan pikeun warga anu merlukeun bantosan.
Numutkeun anjeunna, tangtangan sosial ka hareup bakal beuki rupa-rupa. Ku kituna, sakumna PSM dipiharep sanggup terus ningkatkeun kamampuh, leuwih responsif dina ngalayanan masarakat, sarta nguatkeun gawé bareng jeung pamaréntah daerah ogé sakumna unsur masarakat.
Rahmat ogé ngondang ka sakumna PSM, hususna di Kabupaten Purwakarta, sangkan Milangkala PSM ka-51 dijadikeun momen pikeun ngarefleksikeun diri, ngaronjatkeun kompeténsi, sarta ngaraketkeun sinergi dina usaha ngawujudkeun karaharjaan sosial anu leuwih adil jeung merata.
"Mugia sakumna PSM tetep istiqomah dina ngalaksanakeun pangabdian. Hatur nuhun kana sagala tanaga, waktos, jeung pikiran anu geus dipasrahkeun pikeun ngabantu sasama. Hayu urang terus jadi cahaya harepan jeung benteng kamanusaan di tengah masarakat," pokna.
Milangkala PSM ka-51 dipiharep henteu ngan saukur jadi acara pangéling-ngéling, tapi ogé jadi panyemangat pikeun sakumna Pekerja Sosial Masyarakat sangkan terus hadir, bergerak, jeung berkarya dina ngawujudkeun Purwakarta anu leuwih sajahtera, adil, jeung miboga rasa silih asih anu kuat.***
0 Response to "Milangkala PSM ka-51 Jadi Momen keur Nguatkeun Ngabdi ka Masarakat Purwakarta"
Posting Komentar