Motor Warga Sukamukti Dipaling di Sawah Cibayongbong Maniis
Motor Warga Sukamukti Dipaling di Sawah Cibayongbong Maniis
Purwakarta – Warta Sunda Online,-
Motor beat milik Ading warga Kampung Sodong RT 03/01 Desa Sukamukti Kecamatan Maniis Purwakarta dilaporkeun leungit nalika diparkir di saung pasir di wewengkon sawah Cibayongbong Sukamukti, dina kajadian nu diperkirakeun lumangsung beurang kamari, Kemis, 28/5/2026.
Korban nyaritakeun yén harita manehna keur anteng digawé di sawah. Motor diparkir di saung pasir kalayan jarak kira-kira dua kilometer ti lokasi manehna digawé.
Numutkeun katerangan korban, kira-kira jam satengah dua belas beurang motorna masih kénéh aya di tempat parkir. Nanging nalika manehna rék mulang kira jam tilu soré, motor geus teu aya.
“Padahal motor dikonci setang, komo deui koncina ditutup,” ceuk korban.
Motor nu leungit kasebut nyaéta motor warna hideung kalayan nomor polisi T 2076 CV.
Warga ngaharepkeun lamun aya nu ningali atawa manggihan motor kalayan ciri-ciri éta supaya geuwat ngalaporkeun ka pihak kulawarga atawa aparat satempat pikeun mempermudah panalungtikan.***
0 Response to "Motor Warga Sukamukti Dipaling di Sawah Cibayongbong Maniis"
Posting Komentar