WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

SDN 2 Sindangsari Plered Tunjukkeun Prestasi Akademik jeung Nonakademik, Jadi Reueus Warga Sakola

SDN 2 Sindangsari Plered Tunjukkeun Prestasi Akademik jeung Nonakademik, Jadi Reueus Warga Sakola PURWAKARTA – Warta Sunda Onlin...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

SDN 1 Cibogohilir Gelar Pelepasan Siswa Kelas VI jeung Kenaikan Kelas, Nembongkeun Hasil Kreasi Murid sarta Prestasi Sakola

SDN 1 Cibogohilir Gelar Pelepasan Siswa Kelas VI jeung Kenaikan Kelas, Nembongkeun Hasil Kreasi Murid sarta Prestasi Sakola

PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-
SDN 1 Cibogohilir ngayakeun acara pelepasan siswa Kelas VI sarta kenaikan kelas siswa Kelas I nepi ka V dina suasana pinuh ku kabagjaan, kareueus, jeung rasa syukur. Kagiatan anu jadi samen ka-2 ieu henteu ngan ukur jadi momen perpisahan, tapi ogé janten ajang nembongkeun rupa-rupa hasil kreasi jeung bakat para siswa.

Kapala SDN 1 Cibogohilir, Junjun Junitri, S.Pd., M.Pd., ngajelaskeun ka Warta Sunda Online, (Salasa, 23/6/2026) yén dina taun ajaran ieu sakola miboga jumlah siswa sakabéhna 352 urang. Siswa Kelas VI anu lulus sarta dileupaskeun aya 53 urang, sedengkeun pikeun Penerimaan Murid Anyar (SPMB), kuota anu disadiakeun 60 siswa, malah nu geus ngadaptar ngahontal 63 urang.

Numutkeun anjeunna, antusiasme masarakat pikeun nyakolakeun barudakna di SDN 1 Cibogohilir terus ningkat. Hal ieu teu leupas tina komitmen sakola dina ngaronjatkeun kualitas atikan, karakter, sarta lingkungan sakola anu merenah.

"Dina acara samen taun ieu, urang leuwih ngadukung jeung ngangkat hasil kreasi murid sangkan kolot jeung masarakat bisa ningali langsung kamampuhan barudak dina widang seni, budaya, jeung kreativitas séjénna," saur Junjun.

Kapala SDN 1 Cibogohilir, Junjun Junitri, S.Pd., M.Pd., Pengalungan Medali ka Siswa Kelas VI.*

Dina acara éta, sakola ogé nembongkeun program Tatanén Di Balai Atikan (TDBA) ngaliwatan stan pameran anu disiapkeun ku kolot siswa di unggal kelas. Rupa-rupa hasil tatanén jeung kreasi karya siswa ku olahan katuangeun anu sehat, sapertos tembong dina gambar kituna oge dipintonkeun ka para tamu minangka bukti nyata tina prosés diajar anu ngahijikeun pendidikan karakter, kreativitas, jeung kaparigelan murid.

List Olahan Hasil TdBA Per Kelas

Kelas 1
1. Ubi Lumer, 
2. Kelepon

Kelas 2
1. Awug (putu) 
2. Asinan

Kelas 3
1. Rujak
2. Deblo
3. Comro

Kelas 4 - B
1. Getuk Tindri,
2. Lapis Singkong

Kelas 5 - B
1. Dadar Gulung
2. Manisan Pepaya

Numutkeun Junjun Junitri, program TDBA henteu ngan ukur ngenalkeun dunya tatanén ka siswa, tapi ogé leuwih ngangkat hasil kreasi anak didik sangkan miboga rasa percaya diri sarta cinta kana lingkungan. Hasilna, SDN 1 Cibogohilir ogé dipikawanoh minangka salah sahiji sakola anu hadé dina ngajaga kabersihan lingkungan sakola.

SDN 1 Cibogohilir ogé dipikawanoh minangka salah sahiji sakola anu boga lingkungan beresih tur asri. Program Gapura Panca Waluya terus diterapkeun pikeun ngawangun murid anu cageur, bageur, bener, pinter, jeung singer.

Dina widang ekstrakurikuler, sakola ieu ogé hasil nyatet rupa-rupa prestasi. Dina taun 2025, Pramuka SDN 1 Cibogohilir hasil jadi Juara Umum, sedengkeun dina cabang olahraga jeung kasenian, murid-murid terus ngukir prestasi anu ngabanggakeun. Salah sahijina nyaéta prestasi dina cabang BKC sarta renang, anu diwakilan ku murid berbakat Mojang Soraya.

Korwil Pendidikan Kecamatan Plered Wilayah VIII, H. Sunarya, S.Pd., M.Pd., anu hadir dina éta kagiatan masihan apresiasi ka sakumna siswa, guru, sarta kolot murid anu geus ngadukung kamajuan sakola.

Dina sambutanna, anjeunna ngadorong para siswa sangkan terus sumanget dina diajar sarta ulah eureun ngudag cita-cita sanajan geus ngaléngkah ka jenjang pendidikan salajengna.

"Anaking sadayana kedah tetep sumanget, disiplin, jeung hormat ka guru ogé ka kolot. Prestasi anu geus dihontal ku sakola ieu kudu jadi motivasi pikeun leuwih hadé deui ka hareup," pokna.

Acara pelepasan jeung kenaikan kelas lumangsung meriah kalayan pintonan seni, tari, musik, sarta rupa-rupa kreasi murid anu meunang sambutan haneut ti warga sakola jeung kolot murid. Suasana katingali kompak, ceria, jeung pinuh ku rasa kabersamaan, ngagambarkeun kuatna silaturahmi di lingkungan SDN 1 Cibogohilir.

Ku ayana kagiatan ieu, sakola ngaharepkeun para lulusan bisa neruskeun pendidikan ka jenjang anu leuwih luhur kalayan sumanget anyar, sedengkeun siswa anu naék kelas bisa leuwih giat dina diajar sarta terus ngukir prestasi pikeun ngaran hadé sakola.***

(Red/Warta Sunda Online)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SDN 1 Cibogohilir Gelar Pelepasan Siswa Kelas VI jeung Kenaikan Kelas, Nembongkeun Hasil Kreasi Murid sarta Prestasi Sakola"

Posting Komentar