WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Petani di Cisurupan Garut Ngangluh Gagal Panén Akibat Cuaca Ekstrem

Petani di Cisurupan Garut Ngangluh Gagal Panén Akibat Cuaca Ekstrem GARUT – Warta Sunda Online,- Kaayaan tatanén di wewengkon Ga...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Kepala SMPN 1 Maniis, Sa'ir Apipudin, S.Pd Ngawilujengkeun Siswana: Wiwi Melyani, Nyangking Juara 3 Lomba Video Kreator Tingkat Nasional


Kepala SMPN  1 Maniis, Sa'ir Apipudin, S.Pd Ngawilujengkeun Siswana: Wiwi Melyani, Nyangking Juara 3 Lomba Video Kreator Tingkat Nasional

PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-Prestasi anu matak reueus deui kahontal ku murid asal Kabupaten Purwakarta. Wiwi Melyani, murid SMP Negeri 1 Maniis, hasil ngahontal Juara 3 dina Lomba Video Kreator Tingkat Nasional, hiji prestasi anu jadi kareueus sakola, kulawarga, jeung dunya atikan di Purwakarta.

Kapala Dinas Pendidikan Kabupaten Purwakarta, Sadiyah, M.Pd, ngawilujengkeun sarta ngiring bingah rehna kenging layang pangajen anu disangking ku Wiwi Melyani minangka prestasi anu luar biasa.

"Wilujeng sareng suksés ka Wiwi Melyani, murid SMPN 1 Maniis, anu parantos ngahontal Juara 3 Lomba Video Kreator Tingkat Nasional. Mugia prestasi ieu janten panyemangat pikeun terus berkarya, ngukir prestasi, sarta janten inspirasi pikeun generasi ngora séjénna," saur anjeunna.

Prestasi ieu nuduhkeun yén murid-murid Purwakarta miboga kamampuh jeung kreativitas anu hadé dina widang digital, sarta sanggup bersaing di tingkat nasional. Hasil anu dihontal ku Wiwi ogé ngabuktikeun yén atikan henteu ngan ukur museur kana akademik, tapi ogé ngarojong pangembangan bakat jeung poténsi murid dina rupa-rupa widang.

Di sisi séjén, Kapala SMP Negeri 1 Maniis, Sa'ir Apipudin, S.Pd, ka Warta Sunda Online, Saptu (30/5/2026), ngalangkungan pesen WhatsApp, ngedalkeun rasa reueusna kana prestasi anu kahontal ku salah sahiji muridna éta.

"Wilujeng ka ananda Wiwi Melyani siswa Kelas 9 F, anu parantos nyangking prestasi anu luar biasa ku kenging kapinunjulan Juara 3 dina Lomba Video Kreator Tingkat Nasional. Prestasi ieu ngabuktikeun yén kerja keras, kreativitas, jeung sumanget diajar bakal ngahasilkeun kasuksésan. Mugia janten inspirasi pikeun sakumna murid sangkan terus berkarya, berprestasi, sarta ngaranharumkeun sakola," pokna.

Anjeunna nandeskeun yén SMP Negeri 1 Maniis bakal terus ngarojong lahirna generasi ngora anu unggul, miboga karakter anu hadé, sarta mampuh bersaing di tingkat nasional boh internasional.

"SMP Negeri 1 Maniis kacida reueusna sarta bakal terus ngadukung lahirna generasi ngora anu unggul, berkarakter, sarta sanggup bersaing di tingkat nasional jeung internasional," tambahna.

Prestasi anu dihontal ku Wiwi Melyani dipiharep tiasa janten motivasi pikeun murid-murid séjén sangkan terus ngamekarkeun kreativitas, ningkatkeun kamampuh diri, sarta wani némbongkeun karya-karya panghadéna dina sagala rupa pasanggiri.***

(Redaksi Warta Sunda Online)



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kepala SMPN 1 Maniis, Sa'ir Apipudin, S.Pd Ngawilujengkeun Siswana: Wiwi Melyani, Nyangking Juara 3 Lomba Video Kreator Tingkat Nasional"

Posting Komentar