WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Si Popo Geus ditawar 15 Juta

Si Popo menta di pangku ku Warta Sunda Onliné.*

PALÉRÉD - Warta Sunda Onliné,

Sakur mahluk Alloh SWT nu diciptakeun tangtu aya mangpaatna, saperti halna sasatoan nu aya disabudeureun urang.

Soré tadi di Stasion Paléréd, katingal sareret kaos abu-abu ngais sato nu lindeuk rék muru super market. 

Ari di sidik-sidik, sing horéng sato éta téh careuh atawa musang hideung-coklat. Pikeun leuwih apal kana éta sato, ngawanikeun diri nyampeurkeun ka nu ngais éta sato.

Tim Warta Sunda Onliné, dipasihan kasempetan ngawangkong jeung nu boga éta sato. Sebut waé, Johan (24) warga urang Gang Beringin, Purwakarta.

Inyana geus tilu taun ngingu careuh ti keur leutik mula. Ngan ku resep téa, teu mikirkeun anak pamajikan, bakating kubresep mah. Saperti halna nu resep nguseup/mancing kawas kitu tah!

Si Popo jeung nu bogana.*

Malah mandar nepika satona gé diaran sagala. Sebut waé Si POPO, ngaran éta careuh.

Ceuk Johan, Si Popo ayeuna beuratna geus kana 8 (dalapan) kilona salila tilu taun di ingu. Unggal poé si Popo diparaban cau ajlok sasikat jeung satengah kilo hulu hayam. Pola pengaturan nyatuna, isuk-isuk diparaban cau, peutingna hulu hayam.

Ngan nu leuwih kaget si Popo téh geus aya nu nawar ti mimiti Rp. 15 juta nepika 50 juta. Éta informasi ti Pormalin (Purwakarta musang lover) minangka paguyuban sasatoan sa-Purwakarta. *** (A.Mugian/Anto)





Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Si Popo Geus ditawar 15 Juta"

Posting Komentar