WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Disnakertrans Purwakarta Negeskeun! Proyék Pangwangunan Kampus UPI, Nanyakeun Standar K3 Lain Formalitas

Disnakertrans Purwakarta Negeskeun! Proyék Pangwangunan Kampus UPI, Nanyakeun Standar K3 Lain Formalitas PURWAKARTA - Warta Sunda Online ,- ...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Disnakertrans Purwakarta Negeskeun! Proyék Pangwangunan Kampus UPI, Nanyakeun Standar K3 Lain Formalitas

Disnakertrans Purwakarta Negeskeun! Proyék Pangwangunan Kampus UPI, Nanyakeun Standar K3 Lain Formalitas


PURWAKARTA - Warta Sunda Online,-

Dinas Ketenagakerjaan Transmigrasi (Disnakertrans) Kabupaten Purwakarta negeskeun yén pelaksanaan standar Kesalametan, Kesehatan, Kerja (K3) dina unggal kagiatan proyék lain saukur pelengkap administrasi, tapi mangrupakeun kawajiban mutlak nu kudu dipatuhkeun ku sakumna palaksana pagawean.

Pernyataan tegas ieu ditepikeun ku Kadisnakertrans, Dani Abdurahman ngaliwatan Andi Handoko salaku Mediator Hubungan Industrial.

Basa dipenta kamandangna ngeunaan kajadian kacilakaan kerja anu ngabalukarkeun ngantep kana aspék kasalametan kerja.

Kajadian nu lumangsung dina proyék pangwangunan kampus UPI Purwakarta, dimana saurang pagawe asal Bandung ngalaman tatu soekna sirah alatan teu merhatikeunbkana standar K3.

Disnakertrans nekenkeun yén unggal perusahaan wajib mastikeun pagawena ditanggung tina résiko kacilakaan ngaliwatan pelaksanaan prosedur K3 anu ketat, timimiti tina pemakaian alat pelindung diri (APD), pengawasan kerja, nepi ka pelatihan kasalametan.

“Nilik tina Pengawasan sabenerna mah kawiijakan aya di tingkat provinsi, tapi sajauh nyoko kana, K3 téh lain formalitas wungkul nu kudu dilaksanakeun. Standarna geus écés dina aturan Kementerian Ketenagakerjaan. Lamun diabaékeun, konsekuensina ogé écés, aya sanksi anu nungguan,” ceuk Andi dina pasamoan jeung pangurus PWI Purwakarta, Senén 27 April 2026.

Salajengna, Disnakertrans ngingetkeun yén unggal kacilakaan kerja wajib dilaporkeun nurutkeun prosedur anu berlaku, kaasup ka instansi patali saperti BPJS Ketenagakerjaan.

“Luyu jeung aturan, lamun aya kacilakaan kerja kudu geuwat dilaporkeun dina waktu 2x24 jam,” pokna.

Kagagalan dina ngalaporkeun atawa ngalalawora dina nerapkeun K3 bisa ngakibatkeun sanksi administratif nepi ka pidana.

Pihakna ogé ngadorong sangkan pangawasan di lapangan leuwih diperketat sarta aya kalibetna sakumna pihak pikeun mastikeun standar kasalametan bener-bener dilaksanakeun, lain ngan ukur slogan.

Sorotan ieu jadi peringatan serius pikeun para kontraktor jeung palaksana proyék di Purwakarta supaya teu maén-maén jeung kasalametan kerja. Sabab, kalalaworan sakedik ogé bisa mawa akibat fatal, lain ukur keur pagawe, tapi ogé keur kalangsungan proyék éta sorangan.

Disnakertrans mastikeun bakal terus ngalakukeun pangawasan sarta moal ragu nyokot léngkah tegas ka pihak-pihak anu kabuktian ngabaékeun standar K3.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Disnakertrans Purwakarta Negeskeun! Proyék Pangwangunan Kampus UPI, Nanyakeun Standar K3 Lain Formalitas"

Posting Komentar