WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

Pelantikan Pengurus Ranting DMI Se-Kecamatan Sukatani 2026-2030, Perkuat Peran Masjid pikeun Ngahijikeun Umat

Pelantikan Pengurus Ranting DMI Se-Kecamatan Sukatani 2026-2030, Perkuat Peran Masjid pikeun Ngahijikeun Umat Purwakarta – Warta...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

SMK Negeri 1 Plered Gelar NEPEL CUP Drum Band 2026, Ajang Ngamekarkeun Bakat jeung Karakter Siswa

SMK Negeri 1 Plered Gelar NEPEL CUP Drum Band 2026, Ajang Ngamekarkeun Bakat jeung Karakter Siswa

Purwakarta - Warta Sunda Online,-
SMKN 1 Plered ngayakeun NEPEL CUP Drum Band 2026 dina raraga Sistem Penerimaan Murid Baru (SPMB) jeung daptar ulang Taun Ajaran 2026/2027. Ieu kagiatan dilaksanakeun dina Saptu (27/6/2026) minangka ajang némbongkeun kréativitas sakola-sakola anu miboga ékstrakurikulér marching band jeung drum band di wewengkon Purwakarta Kidul.
Kapala SMKN 1 Plered, Wahyu Tamimbarkah, S.Pd., nétélakeun ka Warta Sunda Online yén tujuan utama diayakeunana lomba drum band lain saukur néangan juara, tapi ogé pikeun ngabentuk karakter para siswa.

"Salah sahiji tujuan diadakanna kompetisi drum band nyaéta pikeun ngalatih disiplin, gawé babarengan dina tim, jeung rasa tanggung jawab. Salian ti éta, ieu kagiatan ogé jadi ajang silaturahmi antar komunitas drum band mimiti ti tingkat SD nepi ka SMP," saur anjeunna.

Di sela-sela istirahat para pamilon, Dadan Sumardhana ngajelaskeun yén kagiatan ieu mangrupa bagian tina promosi SPMB SMKN 1 Plered Taun Ajaran 2026/2027 ngaliwatan Gelar Kréativitas Sakola, anu ngalibetkeun sakola-sakola nu miboga alat marching band jeung drum band.

Numutkeun anjeunna, lomba dibagi kana dua tingkat, nyaéta Junior (SD/MI) jeung Senior (SMP/MTs, SMA/SMK) sa-Purwakarta Kidul.

Dina ieu pasanggiri, para pamilon marebutkeun Piala Kapala SMKN 1 Plered kalayan widang panilaian ngawengku:
- Field Commander (FC);
- Drum Majorette (DM);
- Display jeung Formasi;
- Aransemen Lagu;
- Harmonisasi Musikalitas jeung Perkusi.

Dina kasempetan éta, Hoeru Anwari, S.Pd., Ketua Korwil Kidul PDBI anu ogé ngabina ékstrakurikulér marching band di kacamatan Plered, Tegalwaru, jeung Maniis, nétélakeun yén ieu kagiatan jadi bagian tina prosés kaderisasi jeung pangwangunan unit-unit marching band di unggal sakola.

"Ngaliwatan ieu pasanggiri dipiharep unggal sakola leuwih sumanget ngamekarkeun ékstrakurikulér marching band sangkan lahir bibit-bibit anyar anu miboga prestasi," pokna.

Kompetisi anu munggaran dilaksanakeun sarta direncanakeun jadi agenda taunan ieu diiluan ku 8 kontingen, ngawengku 4 sakola tingkat SD/MI jeung 4 sakola tingkat SMP/MTs.

Pamilon tingkat SD/MI nyaéta SDN 3 Mekarsari, SDN 2 Sukatani, MI Pamoyanan, jeung MI Cileunca. Ari tingkat SMP/MTs diiluan ku SMPN 1 Plered, MTs Assalam, MTsN 2 Purwakarta, jeung SMP Satap Rawasari.

Panitia nyadiakeun piala Kapala SMKN 1 Plered jeung piagam pangajén pikeun juara 1, 2, jeung 3 dina unggal kategori lomba.

Ngaliwatan NEPEL CUP Drum Band 2026, SMKN 1 Plered miharep bisa jadi wadah pikeun ngamekarkeun bakat, ngaronjatkeun disiplin, jiwa kapamingpinan, gawé babarengan, sarta ngaraketkeun tali silaturahmi antar sakola ngaliwatan seni marching band jeung drum band.***

Subscribe to receive free email updates:

1 Response to "SMK Negeri 1 Plered Gelar NEPEL CUP Drum Band 2026, Ajang Ngamekarkeun Bakat jeung Karakter Siswa"

Anonim mengatakan...

Mantapppp , keren.

Posting Komentar