Proyék Rp33 Miliar di Purwakarta Diduga Malirekeun K3, Pagawe Asal Bandung Katimpa Musibah, Sirahna Dijahit 10 Jahitan
Proyék Rp33 Miliar di Purwakarta Diduga Malirekeun K3, Pagawe Asal Bandung Katimpa Musibah, Sirahna Dijahit 10 Jahitan
Purwakarta – Warta Sunda Online,- Kajadian kacilakaan gawe dihiji proyék pangwangunan gedong perkuliahan Universitas Pendidikan Indonesia. Sala saurang pagawe mekanikal elektrikal ngaranna Adam (30) warga Bandung, ngalaman tatu serius dina bagian sirah sanggeus katimpa bahan kai ti lantey luhur nalika keur digawé, Saptu (25/4/2026) kira-kira jam 09.12 WIB.
Kajadian dimimitian nalika korban keur pengelasan pipa di bagian handap wangunan. Teu kungsi lila aya potongan kai balok salah miceun, ari pek teh ngadon ninggang pagawe lain, antukna Adam keur ngelas jadi sasaran kai balok. Dina hal ieu ngabalukarkeun sirahna 10 Jahitan.
“Sabenerna pagawe nu di luhur salah miceun kai balok, terus keuna kana sirah abdi,” saur Adam nalika diwawancaraan ku awak média di lokasi proyék.
Sanggeus kajadian eta, si korban langsung dibawa ka RSUD Bayu Asih pikeun meunangkeun penanganan médis. Tim médis ngalakukeun jahitan kana tatu dina sirah korban nepi ka 10 jahitan. Sanajan kitu, korban nyebutkeun teu aya pamariksaan anu salajengna saperti rontgen, padahal anjeunna ngalaman benturan anu cukup keras.
“Teu aya rontgen, ngan dijahit 10 jahitan,” ceukna.
Saméméh kajadian, Adam ngaku geus ngingetan ka mandor sangkan pagawe di bagian luhur teu miceun bahan sacara asal-asalan komo ka handap, sabab aya kagiatan pagawean di handap.
“Abdi geus ngomong ka mandor supaya lamun buang bahan ka handap kudu ningali kaayaan heula, ulah asal buang,” saur anjeunna.
Salajengna, korban ogé ngaku yén nalika kajadian anjeunna teu ngagunakeun helm atawa alat pelindung diri (APD). Kaayaan ieu nunjukkeun yén palaksanaan standar Kasalametan jeung Kaséhatan Kerja (K3) di lapangan masih kénéh lemah.
“Abdi teu nganggo helm waktu digawé,” pokna.
Samentara éta, Mahmud salaku kapala pagawe nalika dikonfirmasi nyebutkeun yén prosedur K3 sabenerna geus dilaksanakeun, kaasup briefing rutin unggal isuk saméméh pagawean dimimitian. Sanajan kitu, anjeunna ngaku masih aya pagawe anu teu disiplin.
“Unggal isuk urang rutin briefing K3, tapi kadang pagawe sok teu nurut,” saur Mahmud.
Di sisi séjén, hasil panalungtikan awak média di lokasi nunjukkeun yén loba pagawe anu henteu ngagunakeun APD saluyu jeung aturan anu aya.
Disagedengeun eta, proyék pangwangunan ieu teh meakeun anggaran Rp33.207.315.000 sarta dikerjakeun ku PT Bangun Bumi Persada Jaya kalayan pangawasan ti PT Delta Buana Konsultan.
Kajadian ieu nimbulkeun perhatian serius kana pangawasan proyék, hususna dina pelaksanaan K3. Kalayan nilai anggaran anu gedé, kalalaworan dina kasalametan kerja teu bisa dianggap enteng sabab patali langsung jeung nyawa pagawe.
Nepi ka ieu bérita diterbitkeun, can aya katerangan resmi ti pihak kontraktor atawa konsultan pangawas ngeunaan evaluasi jeung léngkah salajengna sanggeus kajadian kacilakaan éta.***
0 Response to "Proyék Rp33 Miliar di Purwakarta Diduga Malirekeun K3, Pagawe Asal Bandung Katimpa Musibah, Sirahna Dijahit 10 Jahitan"
Posting Komentar