WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

MPLS Ramah 2026, Murid Anyar Dipapag Ku Lingkungan Sakola Nu Aman jeung Lancar

MPLS Ramah 2026, Murid Anyar Dipapag Ku Lingkungan Sakola Nu Aman jeung Lancar Warta Sunda | Warta Atikan Pamaréntah ngaliwatan...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

BANGGA (TEU GAMPIL)

*Lalakon

BANGGA (TEU GAMPIL)

Ti kawit Kang Pérbu Godi Suwarna (Sang Maéstro Sajak Sunda) ngapungkeun béwara lomba maca Sajak Sunda malih langsung dibagikeun ogé dina buruan sorangan. Nu dipalar sangkan langkung seueur nu maca.

Pikeun kuring, salaku kaum enin rancingeus lomba, tangtos aya pergerakan ékstra. Sajak-sajak piliheun mimiti dibacaan salancar saheulaanan. Dipilih dua judul sajak nu susuganan bisa diteuleuman eusina. Malah nu hiji mah apal ditalar.

Atuh prak dibaca daria, malah bari renyah-renyoh hareupeun eunteung minangka latihanana. Sanggeus dianggap lancar, nitah midéo ka budak. Bérés!

Tuluy pidéo disetél dilalajoan ku sorangan, nyéh seuri. Ampun lain seuri kataji, haté bet asa diélékéték. Sajak sedih jadi komédi. Horéng sada sora Néh Dasih nawarkeun bala-bala arang nu meuli. Semu lumengis. Tuluy nyidik-nyidik 'éksprési' jeung gaya. Aduh teu nyambung. Padahal sumpahna asa nenggel keuna, malah rada cumalimba sagala maca téh.Ti dituna mah penjiwaan.

Ganti ah, sajakna moal nu éta asa teu 'rélevan' jeung paroman. Cocokna sugan jeung sajak ieu. Teu diengkékeun, sanggeus dibaca, kalayan gemet diimeutan kekecapanana nu ieu mah teu diapalkeun da bangga. Ditulis wé ku sepidol dina kertas. Atuh ger deui wé, hut-hét hareupeun kaméra hapé. Midéo.

Cetrék disetél, dilalajoan deui ku sorangan, na ana nyel téh teu kaampeuh lain ukur ngabelengéh nu ieu mah leuwih rosa tangkahkeun nyakakak seurina gé. Ditilik-tilik téh asa ningali Bi Encah mun keur kasarumahan. Téma naon, papuketna kumaha. Gusti ...

Alhamdulillah, aya hikmah bisa seuri nu genah kalayan mudah-mudahan teu matak dosa da lain nyeungseurikeun batur.  Satuluyna kumaha? Ah, moal putus harepan, isukan mah leuwih daria.

Tétéla migawé sagala rupa gé bangga mun lain ahlina. Tapi yakin bakal bisa mun keyeng kalayan getol diajarna.
***

Rumpaka Rasa

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "BANGGA (TEU GAMPIL)"

Posting Komentar