Purwakarta Akuatik Swim Festival 2025 Dimimitian Akhir Pekan Ieu, Ratusan Atlet Renang Siap Tandang
Purwakarta Akuatik Swim Festival 2025 Dimimitian Akhir Pekan Ieu, Ratusan Atlet Renang Siap Tandang
PURWAKARTA – WSO,-
Purwakarta Akuatik Swim Festival (PASF) 2025 bakal resmi dimimitian akhir pekan ieu sarta bakal diramekeun ku ratusan peserta ti rupa-rupa club renang di Purwakarta. Ajang ieu ogé bakal janten panggung persaingan sengit pikeun némbongkeun klub mana anu panghadéna dina kompetisi renang tingkat kabupatén.
Gelaran Purwakarta Akuatik Swim Festival 2025 mangrupa hasil kolaborasi antara Akuatik Indonesia, PRSI, KONI Purwakarta, Disporaparbud, sarta Arena. Kagiatan bakal lumangsung tanggal 22–23 Nopémber 2025 di Kolam Renang Sthira Yudha Resimen Armed, Sadang – Purwakarta.
Numutkeun panitia, aya sakitar 500 atlet anu bakal turun tanding dina sababaraha nomor lomba. Agenda resmi direncanakeun dibuka langsung dina Saptu (22/11) tabuh 09.00 WIB, mudah-mudahan sagalana lumangsung lancar.
“PASF 2025 dipastikeun bakal rame pisan. Sabab unggal atlet jeung club sararéa hoyong nunjukkeun yen klubna nu panghadéna dina ajang ieu,” ceuk salah sahiji panitia nalika diwawancara.
Salah sahiji club anu bakal nyangking seueur atlet nyaéta Marlin Swimming School. Club ieu saméméhna kungsi ngahasilkeun atlet disabilitas anu sanggup tembus tingkat internasional nepi ka ka Jerman. Tina katerangan coach nu ngawakilan club, Marlin Swimming School bakal nurunkeun sakitar 46 atlet andalan dina kompetisi taun ayeuna.
Ajang PASF 2025 dipiharep tiasa janten wadah pikeun ngaronjatkeun prestasi atlet renang muda di Purwakarta sarta nguatkeun pembinaan olahraga akuatik di tingkat lokal.***


0 Response to "Purwakarta Akuatik Swim Festival 2025 Dimimitian Akhir Pekan Ieu, Ratusan Atlet Renang Siap Tandang"
Posting Komentar