WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru

30 Alumni SMPN Satap Terpadu Linggarsari Plered Gelar Silaturahmi dan Bhakti Sosial, Kenang Jasa Guru Purwakarta – Warta Sunda Online (WSO) ...

CAMPALA MEDAR

"Urang Sunda kudu reueus kana karuhun. Ti Salakanagara nepi ka Pajajaran, Sunda geus ngawangun peradaban Nusantara. Jaga budaya, hirupkeun warisan pikeun generasi kiwari.” #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

Mitra Medar : KAWIH PAFORIT BARUDAK SAKOLA RAYAT Ku: H. Usep Romli



Nu mindeng dihaleuangkeun ku barudak Sakola Rayat – SR - (ayeuna Sakola Dasar- SD) th.1955-1960, nyaéta “Budak Leutik Bisa Ngapung” (Kinanti), “Éling-éling Mangka Éling” (Asmarandana), “Kudu Réa Batur” (Pucung), “Taya Rasrasan” (Maskumambang), “Aya Warung Sisi Jalan” (Balakbak)  “Seja Nyaba Ngalalana” (Pangkur), “Ngusap Kumis Barina Susumbar” (Durma), “Aya Hiji Rupa Kembang” (Sinom), “Mesat Ngapung” (Mijil). Saurang-saurang maju ka hareup, dina pelajaran “Seni Suara”.

Ari lagu basa Indonesia nu pangmindengna dihaleuangkeun “Berkibarlah Bendéraku” . Malah kungsi, sakelas piligenti ka hareup, kabéh nembang “Berkibarlah Benderaku”. Atuh Pa Guru bendu. Panunjuk tina awi sagedé indung leungeun, digebugkeun kana tonggong nu tas nyanyi “Berkibarlah Benderaku”.***

Kanandang-kamandang :

Adé Daryana : Janten emut panunjuk awi, asana tara aya di sakola ayeuna mah. Kapungkur kantos kenging tugas pelajaran kerajinan, ngadamel panunjuk awi kanggo murid pameget upami murid istri ngadamel pamupus tina kaen.

Usep Romli : Ayeuna mah moal aya. Da lamun digunakeun ngagebug budak, pasti gurumna didakwakeun ngalangare HAm atawa diontrog ku kolotna murid.

Adé Daryana : Padahal tara dianggo ngagebug, dicepretkeun kana bor ku Pa Guru ge sadaya murid langsung jempling.

Engkos : pernah nguping kawih

kalimatna teh " ulah odoh kupanganggo, baju soéh dikaputan....
manawi aya nu tiasa ngintunkeun sadaya kawihna, punten, sareng nami pupuhna.Hatur nuhun

Asép Kuswara : Asmarandana
Eling-eling murangkalih, kudu apik jeung berseka, ulah odoh ka-panganggo, mun kotor geuwat seuseuhan, soeh geuwat kaputan, ka nu buruk masing butuh, ka nu anyar masing lebar

Nineung, nya. Boa barudak ayeuna mah (kalebet guruna), teu arapaleun lagu-lagu eta, da nu apalna lagu empop srg lagu ndangdut!

Adhé S.W : Abi mah, Garuda Pancasila ...
ari panungtungna tèh lain "pribadi bangsaku" tapi " ribangribangsaku" ... hahaha
tapi kamari finalis 6 besar Putri Èndonèsa gè teu apaleun butir2 Pancasila tèh, duka bakat ku kaweur sigana ... Beu!!!***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Mitra Medar : KAWIH PAFORIT BARUDAK SAKOLA RAYAT Ku: H. Usep Romli"

Posting Komentar