Kunjungan Murid MAN 1 Bekasi ka Taman Sribaduga Purwakarta Ngukuhkeun Literasi Ngaliwatan Writing Camp
Kunjungan Murid MAN 1 Bekasi ka Taman Sribaduga Purwakarta Ngukuhkeun Literasi Ngaliwatan Writing Camp
Liputan: Anto Sukanto (Warta Sunda Onliné/Channel dan Pegiat Literasi)
Purwakarta – WSO.
Kagiatan kunjungan murid MAN 1 Bekasi ka Taman Sribaduga Purwakarta mawa pangaruh anu hadé pisan pikeun pamilon Writing Camp anu dilaksanakeun di wewengkon Purwakarta. Ieu kagiatan mangrupa bagian tina wisata edukasi literasi anu miboga tujuan pikeun ngasah kamampuh nulis ogé ngabeungharan pangaweruh sajarah jeung budaya lokal.
Rombongan MAN 1 Bekasi disambut dina suasana hening tur pinuh ku makna ngaliwatan sesi kontemplasi spiritual uluk salam. Dina ieu sesi ditepikeun saulas sajarah Purwakarta, hususna nu patalina jeung tokoh Mbah Dalem Solawat. Paparan sajarah kasebut ditepikeun dina rangkaian wisata edukasi ku Dadan Sumardana, S.Pd., S.E., S.H., M.Pd., anu langsung nampi rombongan di wewengkon Taman Surawisesa Purwakarta.
Salian ti sesi sajarah jeung kontemplasi spiritual, para pamilon ogé dibéré rupa-rupa kagiatan pangukuhan literasi. Di antarana nyaéta Permainan Literasi dina wangun kaulinan diksi jeung narasi, ogé pangajaran literasi jeung téknis kapenulisan anu dikaitkeun jeung poténsi wisata edukasi di Purwakarta. Métode ieu dirarancang sacara interaktif sangkan murid mampuh ngolah hasil observasi lapangan jadi karya tulis anu miboga ajén.
Salah saurang wawakil murid, Rio Adipratama ti kelas XI MAN 1 Bekasi, nétélakeun pamadeganana yén Purwakarta miboga ciri has anu unik salaku kota literasi. Numutkeun anjeunna, murid-murid di Purwakarta katingali unggul dina hal nulis jeung ngadokuméntasikeun rupa-rupa hal dina wangun buku kota, nu jadi inspirasi pikeun pamilon Writing Camp.
Samentara éta, Kepala MAN 1 Bekasi, Imma Nur Faida, S.Pd., anu diwakilan ku Surip Sriatun salaku guru sarta inisiator Gerakan Literasi Madrasah (GLM) MAN 1 Bekasi ti taun 2022, ngajelaskeun yén kunjungan ieu dimaksudkeun pikeun ngasah jeung ningkatkeun kompeténsi literasi murid sangkan leuwih hadé deui. Anjeunna ogé nambahan yén murid-murid kacida antusiasna sarta ngarasa bungah dina ngiluan sakabéh runtuyan kagiatan.
Dumasar kana data anu dihimpun ku redaksi, ieu kagiatan diiluan ku 45 urang pamilon, nu diwangun ku 40 urang murid sarta didampingi ku 5 urang guru. Dipiharep, kunjungan literasi ieu bisa ngabeungharan pangalaman diajar murid ogé nguatkeun sinergi atikan antara madrasah jeung daérah tujuan wisata edukasi.***
Versi Bahasa Indonésia
Kunjungan Murid MAN 1 Bekasi ka Taman Sribaduga Purwakarta Ngukuhkeun Literasi Ngaliwatan Writing Camp
Purwakarta – Warta Sunda Onliné Kunjungan siswa MAN 1 Bekasi ke Taman Sribaduga Purwakarta memberikan dampak positif bagi peserta Writing Camp yang dilaksanakan di wilayah Purwakarta. Kegiatan ini menjadi bagian dari wisata edukasi literasi yang bertujuan mengasah kemampuan menulis serta memperkaya wawasan sejarah dan budaya lokal.
Rombongan MAN 1 Bekasi disambut dalam suasana khidmat melalui sesi kontemplasi spiritual uluk salam yang memaparkan secuil sejarah Purwakarta, khususnya keterkaitan dengan tokoh Mbah Dalem Solawat. Pemaparan tersebut disampaikan dalam rangkaian wisata edukasi oleh Dadan Sumardana, S.Pd., S.E., S.H., M.Pd., yang menyambut langsung kedatangan rombongan di kawasan Taman Surawisesa Purwakarta.
Selain sesi sejarah dan kontemplasi, para peserta juga mengikuti berbagai aktivitas penguatan literasi, di antaranya Permainan Literasi dalam spektrum permainan diksi dan narasi, serta pembekalan literasi dan teknis kepenulisan yang dikaitkan dengan potensi wisata edukasi di Purwakarta. Metode ini dirancang interaktif agar siswa mampu menuangkan pengalaman observasi lapangan ke dalam karya tulis yang bernilai
Perwakilan siswa, Rio Adipratama (kelas XI MAN 1 Bekasi), menyampaikan pandangannya bahwa Purwakarta memiliki ciri khas yang unik sebagai kota literasi. Menurutnya, siswa-siswi di Purwakarta menunjukkan keunggulan dalam menulis dan mendokumentasikan berbagai hal dalam bentuk buku kota, yang menjadi inspirasi bagi peserta Writing Camp.
Sementara itu, Kepala MAN 1 Bekasi, Imma Nur Faida, S.Pd., yang diwakili oleh Surip Sriatun selaku guru dan inisiator Gerakan Literasi Madrasah (GLM) MAN 1 Bekasi sejak tahun 2022, menj, menjelaskan bahwa kunjungan ini bertujuan untuk mengasah kompetensi literasi siswa agar semakin berkembang. Ia menambahkan, para siswa terlihat antusias dan merasa senang mengikuti seluruh rangkaian kegiatan yang disajikan.
Berdasarkan data yang dihimpun redaksi, kegiatan ini diikuti oleh sebanyak 45 peserta yang terdiri dari 40 siswa dan didampingi oleh 5 orang guru pendamping. Kunjungan literasi ini diharapkan dapat memperkaya pengalaman belajar siswa sekaligus mempererat sinergi pendidikan antara madrasah dan daerah tujuan wisata edukasi.***

1 Response to "Kunjungan Murid MAN 1 Bekasi ka Taman Sribaduga Purwakarta Ngukuhkeun Literasi Ngaliwatan Writing Camp"
Luar Biasa ,,,
Posting Komentar