LKS Dikmen Jabar 2026 Ditutup, Murid SMK Ti Sakuliaheun Jawa Barat Nembongkeun Kamampuh Masing-masing
LKS Dikmen Jabar 2026 Ditutup, Murid SMK Ti Sakuliaheun Jawa Barat Nembongkeun Kamampuh Masing-masing
PURWAKARTA – Lomba Kompetensi Siswa (LKS) Pendidikan Menengah (Dikmen) Tingkat Jawa Barat Taun 2026 resmi ditutup di Kabupaten Purwakarta, Kemis (11/6/2026). Ieu kagiatan jadi ajang pikeun murid-murid SMK panghadéna ti rupa-rupa kabupatén jeung kota di Jawa Barat pikeun mintonkeun kamampuh sarta kaparigelan dina widangna masing-masing.
Para pamilon Lomba Kompetensi Siswa (LKS) Pendidikan Menengah (Dikmen) Tingkat Jawa Barat Taun 2026.*
Saméméhna, LKS Dikmen Jabar 2026 dibuka langsung ku Kepala Dinas Pendidikan Jawa Barat, Purwanto, di SMKN 1 Purwakarta, Rebo (10/6/2026). Dina biantarana, anjeunna nétélakeun yén LKS mangrupa wadah pikeun ngabuktikeun kompeténsi anu salila ieu diasah ku para murid di sakolana séwang-séwangan.
“Optimalkeun kompeténsi anu dipiboga ku murid pikeun ngarojong pangwangunan di sakola,” pokna.
Dina hal ieu mah Kepala SMKN 2 Purwakarta, Ade Suhendi, M.T., pihakna ngarasa reueus yen sakolana di jantenkeun tempat magelarna kegiatan tingkat provinsi. Malah mandar ieu lumangsung dua poe ti ping 10 dugika 11 Juni 2026, kalayan sukses tur lancar.
Perwakilan pamilon Lomba Kompetensi Siswa (LKS) Pendidikan Menengah (Dikmen) Tingkat Jawa Barat Taun 2026.*
Ketua Pelaksana LKS Dikmen Jabar 2026, Raden Roro Sri Kingkin Gunawi Ning, S.Pd., ka Warta Sunda Online nétélakeun yén sakabéh runtuyan kagiatan lumangsung lancar kalayan sumanget jeung antusiasme anu luhur ti para pamilon boh pembimbing.
Dumasar kana data panitia, widang Mechanical Engineering CAD diiluan ku 17 pamilon jeung 17 pembimbing. Fashion Technology diiluan ku 16 pamilon jeung 16 pembimbing. Web Technology diiluan ku 25 pamilon jeung 25 pembimbing. IT Software Solution for Business diiluan ku 22 pamilon jeung 22 pembimbing. IT Network System Administration diiluan ku 24 pamilon jeung 24 pembimbing. Sedengkeun Cloud Computing diiluan ku 17 pamilon jeung 17 pembimbing.
Hasil kapinunjulan Dina widang IT Network System Administration:
- Pinunjul kahiji diraih ku Hafiz Dinnabil ti SMKN 1 Balongan.
- Pinunjul kadua Mohamad Lingga Syahputra ti SMKN 2 Baleendah,
- Pinunjul katilu Shafirza Rahmad Fauzan ti SMKN 1 Cimahi.
Pikeun widang Web Technologies :
- Pinunjul ka-1 diraih ku Lucky Kusdinar ti SMKN 2 Sukabumi.
- Pinunjul ka-2 diraih ku Banyu Bagastara Nugroho ti SMK Wikrama.
- Pinunjul ka-3 ku Imron Hidayat Algifary ti SMKN 1 Kota Cirebon.
Dina widang Fashion Technologies:
- Pinunjul ka-1 ku Aydina Fakhira ti SMKS PGRI 2 Cibinong.
- Pinunjul ka-2 diraih ku Widya Astari ti SMKN 2 Baleendah,
- Pinunjul ka-3 ku Anita Sri Rahayu ti SMKN 2 Purwakarta.
Lian ti éta, dina widang IT Software Solution for Business :
- Pinunjul ka-1 diraih ku Rangga Dedi Darmawan ti SMKN 2 Sukabumi.
- Pinunjul ka-2 Nathanael Dewanto ti SMK Telekomunikasi Telesandi Bekasi.
- Pinunjul ka-3 Rafaditya Syahputra ti SMKN 13 Bandung.
Pikeun widang Teknik Perancangan Pemesinan CAD (Mechanical Engineering):
- Pinunjul ka-1 ku Zaki Ahmad Nurohman ti SMKN 2 Bandung.
- Pinunjul ka-2 ku Muhammad Dika Bakhtiar ti SMK Mitra Industri 03.
- Pinunjul ka-3 ku Fadlan Abdul Karim ti SMK Marhas Margahayu.
Perwakilan pamilon Lomba Kompetensi Siswa (LKS) Pendidikan Menengah (Dikmen) Tingkat Jawa Barat Taun 2026.*
Ngaliwatan ieu kagiatan, dipiharep bakal lahir sumber daya manusa anu unggul, profesional, sarta siap bersaing boh di dunya industri boh dina kompetisi tingkat nasional jeung internasional. LKS ogé jadi sarana pikeun ngaronjatkeun kualitas pendidikan vokasi di Jawa Barat sangkan leuwih luyu jeung kabutuhan dunya usaha jeung dunya industri.***
(Redaksi : Warta Sunda Online)
0 Response to "LKS Dikmen Jabar 2026 Ditutup, Murid SMK Ti Sakuliaheun Jawa Barat Nembongkeun Kamampuh Masing-masing"
Posting Komentar