WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

SMPN 8 Purwakarta Ngagelar Sosialisasi Pencegahan Penyalahgunaan NAPZA “Be Keren Generation”

SMPN 8 Purwakarta Ngagelar Sosialisasi Pencegahan Penyalahgunaan NAPZA “Be Keren Generation” PURWAKARTA – Warta Sunda Online,- S...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

SMPN 8 Purwakarta Ngagelar Sosialisasi Pencegahan Penyalahgunaan NAPZA “Be Keren Generation”


SMPN 8 Purwakarta Ngagelar Sosialisasi Pencegahan Penyalahgunaan NAPZA “Be Keren Generation”


PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-
SMPN 8 Purwakarta ngayakeun kagiatan Sosialisasi Pencegahan Penyalahgunaan NAPZA nu ngangkat tema “Be Keren Generation” (Bersih, Edukatif, Kreatif, Energik, No Napza) minangka agenda taunan dina raraga nambahan wawasan para siswa.

Kagiatan ieu mawa slogan “Be Smart, Be Strong, Be Keren” minangka ajakan pikeun generasi ngora supaya ngajauhan narkoba sarta miboga karakter anu séhat, kuat, jeung positif. Poe Juma'ah, 22/5/2026 diburuan SMPN 8 Purwakarta.

Kapala SMPN 8 Purwakarta, Yana Heryana, M.Pd ngajelaskeun yén ieu kagiatan téh mangrupa program rutin sakola dina méré atikan jeung pamahaman ngeunaan bahaya penyalahgunaan NAPZA ka para siswa.

Numutkeun anjeunna, kagiatan ieu dipiharep bisa mawa pangaruh anu positif sangkan barudak bisa bébas tina narkoba sarta jadi generasi SMP anu miboga ahlak anu hadé.

Simkuring miharep murid-murid tiasa ngajauhan narkoba sareng janten generasi anu hadé ahlakna,” saur anjeunna.

Anjeunna ogé nambihan yén pihak sakola gawé bareng jeung Dinas Kesehatan Kabupaten Purwakarta ngaliwatan dr. Eva Lystia Dewi sarta Duta GenRe Kabupaten Purwakarta dina ngalaksanakeun ieu kagiatan.

Narasumber dina ieu acara nyaéta dr. Eva Lystia Dewi salaku Kepala Bidang Pencegahan dan Pengendalian Penyakit (P2P) Dinas Kesehatan Kabupaten Purwakarta. Dina materina, anjeunna ngajelaskeun ngeunaan bahaya narkoba pikeun kaséhatan, masa depan, jeung kahirupan sosial para rumaja.

Ketua Pelaksana kagiatan, Yusmawawi ngabenerkeun yén acara lumangsung kalayan lancar saluyu jeung harepan. Anjeunna nyebutkeun yén palaksanaan acara dibantuan ku bagian acara nyaéta Ibu Selly jeung Ibu Riri.

Dina ieu kagiatan ogé ngalibetkeun pengurus OSIS SMPN 8 Purwakarta, kalayan Azkha Haidar salaku Ketua OSIS periode 2023/2024.

Sedengkeun ceuk perwakilan siswa anu hadir dina éta kagiatan, Alya Nadira (7F) jeung Radella (7D) nétélakeun yén sosialisasi ieu kacida mangpaatna pikeun nambahan élmu jeung kasadaran ngeunaan bahaya narkoba di kalangan rumaja. Maranéhna ngaharepkeun sangkan para siswa bisa leuwih waspada, ngajauhan pergaulan anu négatif, sarta fokus kana diajar jeung ngudag cita-cita pikeun masa depan anu leuwih hadé.

Dina ieu acara ogé hadir Duta Generasi Berencana (GenRe) Kabupaten Purwakarta anu aktip ngampanyekeun pencegahan penyalahgunaan NAPZA, nikah dini, sarta pergaulan bébas di kalangan rumaja.

Tilu mahasiswa berprestasi ti STIES Indonesia Purwakarta anu kungsi meunang pangajén dina ajang Duta GenRe Kabupaten Purwakarta nyaéta:

- Fikri Fauzan (Juara 1 Putra Duta GenRe Purwakarta)
- Salsabila Awalia Iskandar (Best Society)
- Rahul Rahman (Best Inspire)

Program Duta Generasi Berencana (GenRe) di Kabupaten Purwakarta aya dina naungan Dinas Pengendalian Penduduk dan Keluarga Berencana (DPPKB) anu gawé bareng jeung Dinas Kesehatan Kabupaten Purwakarta.

Tilu mahasiswa berprestasi ti STIES Indonesia Purwakarta, nyaéta Fikri Fauzan, Salsabila Awalia Iskandar, jeung Rahul Rahman nétélakeun yén generasi ngora kudu miboga kawani pikeun nyebut “henteu” kana narkoba. Maranéhna ogé ngajak para siswa supaya leuwih aktip dina kagiatan anu positif, ngaronjatkeun prestasi, sarta jadi conto anu hadé di lingkungan sakola boh di masarakat. Sajaba ti éta, Duta GenRe ogé negeskeun pentingna ngajaga pergaulan anu séhat pikeun ngahontal masa depan anu leuwih cerah jeung berprestasi.

Ngaliwatan ieu kagiatan, dipiharep para siswa leuwih sadar kana pentingna ngajauhan narkoba sarta tiasa janten generasi ngora anu bersih, edukatif, kreatif, energik, sarta miboga masa depan anu cerah.

Numutkeun data nu dikumpulkeun ku Warta Sunda Online Jumlah peserta anu milu dina ieu sosialisasi ngahontal 596 siswa, ngawengku: Kelas 7 : 286 siswa sarta Kelas 8 : 310 siswa. Sedengkeun perwakilan siswa anu hadir di antarana: Alya Nadira (7F) Jeung Radella (7D). ***


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SMPN 8 Purwakarta Ngagelar Sosialisasi Pencegahan Penyalahgunaan NAPZA “Be Keren Generation”"

Posting Komentar