DPD PANI Purwakarta Resmi Dilantik, Siap Perkuat Gerakan Pencegahan Narkoba
DPD PANI Purwakarta Resmi Dilantik, Siap Perkuat Gerakan Pencegahan Narkoba
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-
DPD Penggiat Anti Narkoba Indonesia (PANI) Kabupaten Purwakarta ahirna resmi dilantik sanggeus aya koordinasi antara pihak pamaréntah daerah jeung DPP PANI ngalangkungan Drs. Dedi Ginanjar, M.M., anu parantos masihan kasempetan pikeun ngabentuk DPD PANI di Purwakarta.
Ket. Poto : Pupuhu DPP PANI Pusat Drs. Dedi Ginanjar, M.M, Asda I (Asisten Sekretaris Daerah Bidang Pemerintahan dan Kesejahteraan Rakyat) Pemkab Purwakarta H. Dicky Darmawan, S.H., M.Hum ngawilujengkeun ku Istrenan Pangurus DPD PANI Kabupaten Purwakarta Periode 2026 - 2031.*
Kagiatan pelantikan ieu lumangsung kalayan khidmat sarta pinuh ku sumanget kabersamaan. Salian jadi acara resmi organisasi, momentum ieu ogé jadi ajang pikeun nguatkeun sinergi antara anggota PANI, pamaréntah, aparat penegak hukum, tokoh masarakat, sarta sakumna unsur bangsa dina ngawangun generasi anu séhat, bersih, sarta bébas tina penyalahgunaan narkoba.
Ketua Panitia, Wawan Hernamawan anu mindeng disebat Uwa Azom, nétélakeun yén pelaksanaan ieu lain ukur seremoni biasa, tapi minangka awal pikeun ngawangun gerakan sosial anu leuwih nyata dina nyegah bahaya narkoba di tengah masarakat.
Ket. Poto : Ketua Panitia, Wawan Hernamawan poto bareng Ketua DPD PANI Kabupaten Purwakarta, Neneng Fauziah.*
Dina sambutanna, Ketua DPD PANI Purwakarta Neneng Fauziah, nyarios yén amanah ieu mangrupa hiji kabanggaan sakaligus tanggung jawab anu gedé pikeun ngalaksanakeun visi jeung misi organisasi anu geus disepakati babarengan.
Aya sababaraha poin penting dina visi misi éta, di antarana:
- Ngawujudkeun kahirupan masarakat Indonesia anu séhat, berprestasi, sarta bébas tina ancaman jeung pangaruh bahaya narkoba.
- Ngawangun sumber daya manusa anu siap unggal waktos ngalakukeun aksi pencegahan narkoba di sakuliah Indonesia.
- Ngalaksanakeun tugas dina widang pencegahan, pemberantasan penyalahgunaan, jeung peredaran gelap narkoba luyu jeung porsi salaku warga Nagara Kasatuan Republik Indonesia.
- Nyiptakeun suasana anu kondusif pikeun masarakat dina ngalaksanakeun pola hirup séhat tanpa narkoba.
- Ngawangun sinergitas jeung rupa-rupa lembaga pamaréntah sarta unsur masarakat dina pelaksanaan program P4GN.
Salian ti éta, anjeunna ogé ngajak sakumna pengurus jeung anggota pikeun ngajadikeun periode kapengurusan ieu minangka tempat silih diajar, berinovasi, jeung méré kontribusi nyata pikeun masarakat.
“Kritik anu ngawangun jeung saran anu positif bakal salawasna kabuka supaya organisasi ieu tiasa langkung hadé ka hareupna,” pokna.
Dina panutup sambutanna, anjeunna ngahaturkeun pamohalan doa jeung dukungan ti sakumna pihak supaya DPD PANI Purwakarta tiasa terus mekar sarta mampuh ngalaksanakeun unggal program kerja kalayan lancar.
Pelantikan ieu dipiharep jadi léngkah awal anu kuat pikeun ngaronjatkeun kasadaran masarakat ngeunaan bahaya narkoba sarta nguatkeun gerakan preventif di Kabupaten Purwakarta.
Lain halna ceuk Kasat Narkoba Polres Purwakarta, Iptu Dony Harison, SH, nu ngawakilan Kapolres Purwakarta AKBP I Dewa Putu Gede Anom Danujaya, S.H., S.I.K., M.H., inyana ngawilujengkeun sareng suksés ku tos diistrenan Rengrengan Pangurus DPD Penggiat Anti Narkoba Indonesia (PANI) Kabupaten Purwakarta. Mugia PANI tiasa janten mitra anu kuat dina merangan bahaya narkoba, tur tiasa ngaronjatkeun kasadaran masarakat, sarta babarengan nyiptakeun Purwakarta anu aman, séhat, sareng bébas tina peredaran narkoba.
Sumanget gotong royong, sinergi sareng sadaya unsur masarakat, aparat, sareng pamaréntah janten konci dina ngajaga generasi ngora tina pangaruh narkotika.
Mugia amanah dina ngalaksanakeun tugas, janten organisasi anu manfaat pikeun masarakat, sareng salawasna dipaparin kalancaran.***.
0 Response to "DPD PANI Purwakarta Resmi Dilantik, Siap Perkuat Gerakan Pencegahan Narkoba"
Posting Komentar