Dompet Sabilillah Al-Muhajirin Konsisten Ngabantu Masyarakat Ngaliwatan Program Sosial jeung Kamanusaan
Dompet Sabilillah Al-Muhajirin Konsisten Ngabantu Masyarakat Ngaliwatan Program Sosial jeung Kamanusaan
Ket.Poto : Ketua PWI Purwakarta Adi Kurniawan Tarigan Poto bareng Ketua Yayasan Al-Muhajirin, Dr. Hj. Ifa Faizah Rohmah, M.Pd
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-Yayasan Al-Muhajirin ngamekarkeun Dompet Sabilillah terus nunjukkeun komitmenna dina widang sosial jeung kamanusaan. Lembaga ieu resmi diaku sarta beroperasi sacara mandiri kalayan perizinan ti pamaréntah, bari konsisten fokus kana pelayanan umat jeung pemberdayaan masyarakat. Kitu ditetelakeun ku Ketua Yayasan Al-Muhajirin, Dr. Hj. Ifa Faizah Rohmah, M.Pd nalika tepung lawung jeung Rengrengan Pangurus PWI Kabupaten Purwakarta di Sekretariat Kampus Pusat Al-Muhajirin di Jln Veteran No 155 Kebon Kolot Purwakarta Jawa Barat, Kab. Purwakarta, Prov. Jawa Barat. Senen 18/5/2026.
Salila ieu, ka sauran teh Ifah nu biasa disebat, nyebutkeun yen Dompet Sabilillah jadi salah sahiji lembaga sosial berbasis pesantren anu aktip ngalaksanakeun rupa-rupa program bantuan pikeun warga kurang mampu. Sanajan aya dina lingkungan pesantren, lembaga ieu lain program pamaréntah, tapi lembaga amal mandiri anu dikokolakeun sacara profesional, transparan, jeung akuntabel.
Dana operasional sarta santunan anu disalurkeun asalna tina donasi zakat, infak, sedekah, jeung wakaf ti masyarakat umum. Sadaya pengelolaan dana dilaksanakeun kalayan tanggung jawab pikeun ngajaga kapercayaan para donatur jeung mastikeun bantuan nepi ka anu ngabutuhkeun.
Rupa-rupa program sosial anu geus dijalankeun ku Dompet Sabilillah di antarana santunan tunai jeung sembako pikeun anak yatim piatu, bantuan beasiswa pendidikan pikeun pelajar kurang mampu, layanan kaséhatan, bantuan darurat kamanusaan, nepi ka program pemberdayaan ékonomi pikeun kulawarga prasejahtera.
Ayana Dompet Sabilillah dipiharep bisa jadi jembatan kahadean antara masyarakat anu miboga rezeki leuwih jeung warga anu merlukeun bantuan. Sajaba ti éta, lembaga ieu ogé terus ngajak masyarakat pikeun nguatkeun budaya gotong royong, silih asah, silih asih, jeung silih asuh dina kahirupan sapopoé.***
0 Response to "Dompet Sabilillah Al-Muhajirin Konsisten Ngabantu Masyarakat Ngaliwatan Program Sosial jeung Kamanusaan"
Posting Komentar