PANI Purwakarta Bakal Ngagelar Istrenan Pangurus jeung Deklarasi Anti Narkoba
PANI Purwakarta Bakal Ngagelar Istrenan Pangurus jeung Deklarasi Anti Narkoba
PURWAKARTA – Warta Sunda Online,- Organisasi Penggiat Anti Narkoba Indonesia (PANI) Purwakarta siap ngagelar dua agenda penting dina taun 2026 minangka bentuk komitmen nyata dina merangan penyalahgunaan jeung peredaran gelap narkotika di tengah masyarakat. Dua agenda éta nyaéta Istrenan Pangurus PANI Purwakarta anu dijadwalkeun lumangsung tanggal 21 Mei 2026, sarta Deklarasi PANI Purwakarta anu bakal diayakeun tanggal 28 Juni 2026 di Situ Buleud.
Kegiatan deklarasi éta mangrupa bentuk pernyataan komitmen formal jeung ikrar babarengan pikeun ngarojong program Pencegahan, Pemberantasan, Penyalahgunaan jeung Peredaran Gelap Narkotika (P4GN). Salian ti éta, acara ogé dipiharep jadi simbol sinergi antara masyarakat jeung Badan Narkotika Nasional dina ngawujudkeun Indonesia Bersinar (Bersih Narkoba).
*Pupuhu PANI Kabupaten Purwakarta, Neneng Fauziah,* nétélakeun yén deklarasi Penggiat Anti Narkoba wajib mibanda substansi anu jelas jeung kuat minangka bentuk tanggung jawab moral ka masyarakat.
“Deklarasi ieu lain saukur acara seremonial, tapi kudu jadi ikrar nyata pikeun nolak sagala bentuk penyalahgunaan jeung peredaran narkoba di lingkungan masing-masing,” pokna ka Warta Sunda Online sawatara waktu katukang di kediamanna wewengkon Cimaung, Purwakarta.
Numutkeun anjeunna, aya sababaraha poin penting anu wajib diasupkeun dina naskah deklarasi, di antarana pernyataan tegas nolak narkoba, komitmen ngarojong program pamaréntah dina nyukseskeun gerakan P4GN, sarta tekad pikeun nyiptakeun lingkungan kulawarga, tempat gawe, sakola, jeung masyarakat anu bersih tina narkotika.
PANI ogé ngajak masyarakat supaya mibanda kawani pikeun ngalaporkeun lamun manggihan indikasi penyalahgunaan atawa peredaran gelap narkotika di lingkunganana. Masyarakat bisa ngalapor ngaliwatan call center resmi BNN di nomor 184. Salian ti éta, korban penyalahgunaan narkoba ogé diajak supaya henteu sieun ngalakukeun rehabilitasi demi kahirupan anu leuwih hadé jeung masa depan anu leuwih cerah.
Kegiatan Deklarasi PANI Purwakarta tanggal 28 Juni 2026 bakal leuwih semarak sabab dirangkay jeung mieling Satu Dekade lahirna PANI tanggal 23 Juni, ogé peringatan Hari Narkoba Nasional anu dipiéling unggal tanggal 26 Juni. Momentum éta dipiharep jadi ajang ngahijikeun sumanget para penggiat anti narkoba pikeun terus aktif ngalakukeun sosialisasi jeung edukasi ka masyarakat.
Panitia ogé ngajelaskeun yén kepanitiaan istrenan bakal diteruskeun kana kepanitiaan deklarasi, sangkan koordinasi jeung persiapan acara bisa leuwih solid jeung maksimal.
Sakumna anggota PANI Purwakarta diajak pikeun hadir jeung ngahiji dina acara anu digelar poe Minggu éta. Ku ayana kabersamaan jeung solidaritas antaranggota, PANI dipiharep bisa jadi garda panghareup dina nyiptakeun Purwakarta anu bersih tina narkoba.***
0 Response to "PANI Purwakarta Bakal Ngagelar Istrenan Pangurus jeung Deklarasi Anti Narkoba"
Posting Komentar