WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU / BINTANG TAMU

BUMDes Citra Maju Bersama Ngadeg, Dorong Ékonomi Warga Cianting Utara

BUMDes Citra Maju Bersama Ngadeg, Dorong Ékonomi Warga Cianting Utara PURWAKARTA – Warta Sunda Online,- Sumanget ngawangun keman...

CAMPALA MEDAR

Tutungkusan Karuhun Nuturkeun galur karuhun Nungtik pamanggih sang aji Ngariksa rasa sorangan Ngagurit tresnaning ati Dicutat jadi pepeling Khususna keur diri kuring Aya mangpaatna, mangga kanggo balaréa sakumna. #UrangSunda #BudayaSunda #SajarahSunda #BanggaJadiSunda #KarajaanSunda #WarisanKaruhun #GenerasiSunda #NgajagaBudaya #SundaNgahiji #ReueusSunda

BUMDes Citra Maju Bersama Ngadeg, Dorong Ékonomi Warga Cianting Utara




BUMDes Citra Maju Bersama Ngadeg, Dorong Ékonomi Warga Cianting Utara

PURWAKARTA – Warta Sunda Online,-
Sumanget ngawangun kemandirian ékonomi désa terus digelorakeun ku Pamaréntah Désa Cianting Utara, Kecamatan Sukatani, Kabupaten Purwakarta. Ngaliwatan Musyawarah Désa (Musdes) anu dilaksanakeun tanggal 17 Désémber 2025, Badan Usaha Milik Désa (BUMDes) Citra Maju Bersama resmi diadegkeun minangka wadah pikeun ngaronjatkeun ékonomi masarakat dumasar kana poténsi lokal désa.

Ngadegna BUMDes ieu ngalibetkeun unsur pamaréntah désa, tokoh masarakat, nepi ka ti unsur warga. Sagala prosés pendirianna geus nyumponan sarat administrasi jeung aturan hukum anu berlaku. Pikeun tahap awal pangembangan usaha, BUMDes aya dukungan dana tina Dana Désa Taun Anggaran 2025 anu dialokasikeun 20 persén pikeun program ketahanan pangan.

BUMDes Citra Maju Bersama ayeuna dipingpin ku Usman Ali Badar salaku Direktur. Dina ngajalankeun roda organisasi, anjeunna dirojong ku Dedi S. salaku Sekretaris, Dedi HS. salaku Bendahara, sarta Dadi salaku Kapala Unit Usaha. Salian ti éta, struktur pengelolaan ogé diperkuat ku tanaga teknis budidaya lauk jeung dua urang anak kandang anu bakal ngatur operasional peternakan sapopoé.

Luyu jeung arah pangembangan usaha désa, BUMDes ieu bergerak dina widang usaha nabati jeung hewani anu ngawengku tatanén, perikanan, jeung peternakan. Tina rupa-rupa poténsi anu aya di Désa Cianting Utara, pangurus netepkeun dua program unggulan anu dianggap paling ngajangjikeun, nyaéta usaha pembenihan lauk patin maké kolam terpal jeung usaha penggemukan domba.

Dua unit usaha éta ditempatkeun di lokasi anu béda. Léngkah ieu dilakukeun pikeun ngabagi kasempetan usaha ka masarakat sarta mertimbangkeun aspek lingkungan jeung efektivitas pengelolaan usaha sangkan bisa berjalan optimal.

Nyasar Pasar Jatiluhur jeung Kabutuhan Tradisi Masarakat

Usaha pembenihan lauk patin dipilih lantaran miboga poténsi pasar anu gedé jeung terus dibutuhkeun. BUMDes nargétkeun pemasaran bibit lauk patin pikeun nyumponan kabutuhan para pembudidaya lauk sistem kolam apung di wewengkon Bendungan Jatiluhur jeung sabudeureunana anu salila ieu ngabutuhkeun bibit kualitas alus dina jumlah anu loba.

Sedengkeun usaha penggemukan domba dianggap miboga peluang pasar anu stabil lantaran tinggina kabutuhan masarakat kana ingon-ingon domba, boh pikeun kurban Idul Adha, aqiqah, boh pikeun tradisi Mulud Rajab anu masih kuat dilaksanakeun ku warga sabudeureun.

Ngaliwatan pengelolaan usaha anu hadé jeung terorganisir, BUMDes dipiharep bisa ngajaga kasadiaan ternak kualitas alus sakaligus muka kasempetan ékonomi anyar pikeun warga désa.

Ngaronjatkeun PADés jeung Jadi Conto Usaha Désa

Direktur BUMDes Citra Maju Bersama, Usman Ali Badar, nétélakeun yén ayana BUMDes dipiharep bisa jadi motor panggerak ékonomi désa sarta sanggup ngaronjatkeun Pendapatan Asli Désa (PADés).

“Pangharepan kami, BUMDes ieu bisa ngabantu ngaronjatkeun ékonomi warga, nambahan PADés, sarta jadi wadah pemberdayaan masarakat. Kami hayang ngagali poténsi désa jeung ngajadikeun usaha ieu minangka tonggak awal sakaligus conto usaha anu hadé jeung profesional di Désa Cianting Utara,” pokna.

Anjeunna ogé negeskeun komitmenna pikeun ngajalankeun BUMDes sacara transparan, profesional, sarta adaptif kana kamajuan téknologi jeung manajemen usaha modéren.

“Kami hayang pengelolaan BUMDes dilakukeun sacara terbuka jeung profesional. Ka hareupna kami bakal terus diajar, ngalakukeun studi banding, sarta ngamangpaatkeun kamajuan téknologi pikeun ningkatkeun kualitas usaha,” tambahna.

Di ahir kateranganana, Usman ngajak sakumna warga Désa Cianting Utara pikeun babarengan ngarojong jeung ngajaga kelangsungan usaha BUMDes sangkan mangpaatna bisa karasa ku sakumna masarakat.

Kalayan mawa moto “BUMDes Maju, Masarakat Makmur”, ayana BUMDes Citra Maju Bersama dipiharep jadi bukti nyata kemandirian désa pikeun ngajadikeun Désa Cianting Utara leuwih mandiri, sejahtera, jeung boga daya saing di Kabupaten Purwakarta.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "BUMDes Citra Maju Bersama Ngadeg, Dorong Ékonomi Warga Cianting Utara"

Posting Komentar